Minggu, 11 November 2012

Naskah putri karang gumiwang

Yi,…naskah Carpon tos ngabrugbrug. kumaha kintunkeun wae? kamari Akang ka Bumi Kang Lukman Tapi nuju teu aya. duka angkat kamana. punten tos lami teu ngintunkeun, maklum seueur pisan karerepet.
Kedah kamana Akang ngintunkeunna ?…
Hatur nuhun sateuacana.
A.D Sutedi

Alhamdulillah… kamana bae atuh Kang Sutedi teh? mani lawas ti lawas nyaaa… Mangga carpon mah diantos ngalangkungan e-mail dhipagaluh@yahoo.com. Upami bade ngiringan saembara, tiasa dikintunkeun ka senisunda@yahoo.com.
hatur nuhun
baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. A.D Sutedi - March 21st, 2008 at 10:37
yi, alhamdulillah, akang bade nyobian ngintun deu naskah carpon manawi katampi ku Ayi. mugi-mugi Ayi sing aya dina kajembaran salawasna.
Wassallam.
A.D Sutedi
  1. antick rani - March 23rd, 2008 at 11:21
Assalamualaikum wr.wb
Tepangkeun name abdi Antick (tidituna mah ceunah saur pun bapa diseratnya cantiek puguh ejaan baheula, ngan petugas kalurahan lepat macana, sabab bapa nyeratnya nganggo huruf sambung, huruf “c”-na nguriwel teuing disangkina hiasan, ari huruf “e” disangkina huruf “c” nya kitu dugi ka ayeuna naminya jadi antick.. tapi atos ah tong papanjangan)
Abdi asli urang Garut lahir di jayaraga, damel di Jakarta, dumuk di Serpong.
Bade nyungkeun tulung, sugan terang dimana abdi tiasa diajar kasenian sunda di Jakarta (kacapi/suling/angklung)?
Puguh waditrana ge teu acan gaduh, saurna tiasa digaleuh di Bandung nanging teteurang dimana-manana? Manawi terang?
Alhamdulillah abdi kapeto ti kantor angkat ka ostrali kanggo diajar, nanging alim polos, hoyong ngenalkeun kabudayaan sunda.
Diantos pisan balesana.

Wa’alaikum salam Wr.Wb
Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka web abdi. Namina mémang antik, kalebet sasakalana ogé antik. Abdi ogé sami-sami nyanggakeun salam pangwanoh.
Di Jakarta, seueur pisan tempat kanggo latihan kasenian Sunda. Tapi abdi teu terang, Néng Antick linggihna di wewengkon mana. Nanging, teu sawios-wios, badé ditataan wé anu abdi terang. Néng Anting tiasa sumping ka Anjungan Jawa Barat, Taman Mini Indonésia Indah. Tepangan wé Pa Nunung Sobari. InsyaAlloh mantenna tiasa ngabantos. Kaleresan abdi ogé wanoh ka Pa Nunung mah. Janten, Néng Antick kantun nyebatkeun diwartosan ku abdi wé. Ieu Nomor kontakna: 08529475xxxx.
Néng Antick ogé tiasa sumping ka Sanggar Ékayana, Jalan Tebet Dalam (nomorna hilap deui, tapi da asa moal bireuk). Lebetna ti Gedung Soedirman wé, da asa teu tebih ti lawang Jalan Tebet Dalam téh. Abdi gaduh nomor kontakna, pamasihan ti Kang Nana Munajat (koréograper tari). Janten, wartoskeun wé kénging nomor kontak ti Kang Nana ngalangkungan abdi. Ieu nomor kontakna: 081692xxxx/ 081682xxxx/ 021- 826xxxx/ 021- 829xxxx (Elli Pasha).
Néng Antick ogé tiasa sumping ka Dinas Kebudayaan dan permusiuman DKI Jakarta, di wewengkon Kuningan. Teu pati tebih ti Pasar Seni, atanapi wétaneung Gedung Perfilman Usmar Ismail. Tepangan wé Kang Dodo. Nomor kontakna: 0888817xxxx. Abdi kénging nomor kontakna sami ti Kang Nana Munajat Dahlan.
Néng Antick ogé tiasa nganjang ka Gedong Kasenian Miss Tjitjih, di Jalan Cempaka Baru IV, Cempaka Putih, Jakarta Pusat. Abdi kantos sababaraha kali ka Gedong Miss Tjitjih. Tepangan wé Pa Abas. Nomor kontakna: 0815183xxxx.
Sakitu anu abdi émut. Mangga wé pilih ku Néng Antick, mana anu cocok sareng Néng Antick. Sadayana ogé saé kanggo tempat nyukcruk élmu kasenian Sunda.
Upami tos di Australia, aya saéana wawanohan sareng Dr. Julian Millie di Monash University. Sawatara sasih kapengker, Dr. Julian ngayakeun panalungtikan ngeunaan ceramah KH. A.F. Ghazali. Dr. Julian nyarios basa Sundana lancar pisan, jalmina raoseun diajak sosobatan téh.
Sakitu anu kapihatur.
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. Handoko Adinugroho - March 23rd, 2008 at 15:09
Salam Kenal, Kang Dhipa…
Saya punya cerita menarik tentang “dunia” benda-benda bertuah. Saya sudah bikin sinopsisnya. Saya lagi siapkan skenarionya. Saya pengin tawarkan ke PT Lunar Jaya Film. Bisa minta tolong saya dikasih alamat PT Lunar Jaya Film, Kang? Kebetulan saya lulusan Jurusan Teater ISI Yogyakarta dan 16 tahun jadi wartawan. Tahun lalu saya bikin ASAL PLESETAN di Antv. Tolong alamatnya ya Kang… Terima kasih…

Terimakasih telah berkunjung ke web ini, dan saya pun menghaturkan salam perkenalan. Saya berharap, Mas Handoko bisa lebih suksés lagi. Pada tahun 2004-2006, saya mémang sering ke kantor Lunar Jaya Film, apakah itu menawarkan naskah, ikut casting pemain, mengambil honor, atau sekedar bersilaturahmi dengan Gustom sahabat saya (Tapi sekarang Gustom sudah tidak bekerja lagi di Lunar Jaya).
Waktu itu, alamat PT. Lunar Jaya Film di Graha Arteri Mas, Jl. Panjang no.68, Kav. 32, Kedoya, Jakarta Barat. Tlp: (021) 5835xxxx, (021) 5830xxxx. Tapi sekarang (kabarnya) sudah pindah ke dekat Virgo Putra Film. Alamat Virgo sendiri di Komplék Harco Mangga Dua, Blok P No. 21-22, Jakarta Pusat. Jadi, alamat Lunar Jaya yang sekarang, saya belum tahu. Saya hanya tahu lokasinya dekat dengan kantor Virgo Putra Film. Beberapa kali saya pernah berkunjung ke Virgo, menemui Mas Yansen (Yan Senjaya), menawarkan beberapa judul skenario. Tapi belum ada satupun yang di-acc. Meski begitu, saya pernah diajak main dalam sebuah sinetron yang disutradarai Mas Yansen.
Demikian, semoga info ini dapat membantu Mas.
Terimakasih
DHIPA GALUH PURBA
  1. Nazaruddin Azhar - March 27th, 2008 at 03:10
Lur… kumaha poto Neng..aeh, Miss Tjitjih teh tos aya? Nuhun… Kamsiah…

Haduh puguhan kaformat hardiskna, seueur poto nu jadi korban kalayan can kaburu dibackup. Ayeuna nuju dipaluruh ka saban komputer nu kungsi dianjangan, ngumpul2keun deui poto nu kaformat. Aya oge poto Miss Tjitjih anu keur helaran. ieu yeuh:
http://galuh-purba.com/sapanjang-jalan-sandiwara-surat-keur-holisoh-me/
  1. Nazaruddin Azhar - March 28th, 2008 at 03:59
hehe… nu dipilari teh Miss Tjitjihna… saha atuh nu gaduheun nya? Nuhun lur ah..

Muhun, ke urang cobi maluruh ka Kang Nana Munajat. Biasana jalmi eta mah sok gaduheun…
DHIPA GALUH PURBA
  1. asri - April 9th, 2008 at 03:56
assalamualaikum….
he..he..(merasa bersalah…)
abdi teh masih keneh gaduh hutang “tulisan” nya (eh..masih emut teu..)
punten… nuju seueur pesenan (bukan alasan sih…)
alhamdulillah bisnis manik-manikna jalan..
meskipun ga lewat penjualan online….
tawaran masih berlaku (?????)
eh abdi teh ayeuna nuju resep motret
maklum… nuju nyobian kamera enggal (eh hilap.. teu acan nganuhunkeun tos dihubungkeun ka agus bebeng)
kamari di seranga ya acara “panjang mulud”…
memperingati maulid nabi…
acarana siga Grebeg Mulud nu di Jogja..
di dieu oge aya rebutan jampana (nah dari sini kata “panjang berasal”)
asri motret…
bade ningal teu…
engke dikirim gambarna..
bade dialitkeun heula ukuranna
terlalu BESAR…
P.S…. bade pesen bros kanggo teteh na….??
harga teman lah…
kaleresan sabtu ieu bade ka bandung.. engke sakantenan dikirim
liat di www.praceka.blogspot.com
pindah blog ah…
lebih “lucu” pake “praceka” ternyata..
“asri” terlalu pasaran…
Wa’alaikum salam… Asri
Senang sekali kamu mau berkunjung lagi. Éh kemarin udah ada nyangku lagi di Panjalu. Artinya sudah setahun kamu ninggalin daku. Masih ingatkah nyangku tahun 2007? Kita kan sama-sama nonton dan saling potrét. Hasil jeprétan potomu mémang bagus. Kayanya kamu harus lebih banyak gaul sama Agus Bebeng. Tapi jangan terlalu deket juga sih… takutnya dia jatuh cinta sama kamu. Agus Bebeng orangnya baik, tapi ssssttt… jangan ribut… dia rada cunihin lho. Lebih cunihin dari Miftahul Malik. Padahal Malik itu belajar cunihin sama daku.
Syukurlah kalau bisnismu lancar. Daku senang banget, karena kalau daku kehabisan bekel, mungkin bisa pinjem duit sama kamu. Kapan kamu mau ke Bandung? Daku juga punya utang sama kamu, dulu kan pernah janji mau nganter ke Museum Sribaduga.
As, kirimin ya poto2 acara itu. Daku pingin banget lihat. Kalau bisa, bikinin juga beritanya ya. Kamu kan lulusan Jurnalistik hayooo… pasti pinter bikin berita. Ntar dimuat di web ini, n pasti dikasih honor. Tapi honornya ntar ya kalau ada duit.
Salam buat orang tua dan saudara semua di Banten. Kalau mau nikah, awas ditunggu undangannya.
DHIPA GALUH PURBA
  1. rusi - April 12th, 2008 at 10:59
Ass, k.dhipa. Simkuring ketakketik nami di google, pek teh di lelebah ku nasib janten mendak websites k.dhipa. Ih meni samakta. K.dhipa, simkuring kabita ku poto bulan di langit dusun embun, hoyong potona. Hatur nuhun. Rusi-jendela seni.

Wa’alaikum salam Néng Rusi anu soléhah…
Nuhun tos dianjangan. Mangga poto nu aya tur resep mah candak wé. Salam baktos ka tuang rama, tuang ibu, Kang Erwan Juhara sareng tétéhna, penyair Rita RS, sareng sadayana.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Enjang - April 16th, 2008 at 08:01
Ki adi kamana wae mani lawas ti lawas teu aya embol-embolna. Kumaha damang ? Nuhun upami damangmah, ngan eta asa geus sono, pedah teu aya beja, kumaha sareng nuju dimana?
Kumaha perkawis seratan “jurnalistik” teh tos rengse, kade ulah kapopohokeun.
Nuhun ah.

Alhamdulillah dina danget ieu abdi nuju aya dina ginanjar kawilujengan. Mugia Akang ogé salawasna ginulur rahayu berkah salamet tur aya dina panangtayungan Alloh SWT. Kagiatan abdi teu tebih tina sabudeureun kagiatan kabudayaan. Nyerat ogé rada kaluli-luli ku ayana kasibukan anu taya reureuhna. Nanging ari maca mah masih kénéh kabujeng, kalebet nuturkeun warta surat kabar.
Perkawis seratan ngeunaan Jurnalistik, tangtos diéstokeun pisan. Margi abdi ti kapungkur tos kayid dina haté hoyong ngiring ngabeungharan jagat élmu di widang jurnalistik, anu mugia baé aya mangpaatna kanggo balaréa.
Hapunten ngawalerna rada leuir. Mugia Jurusan KPI (Fakultas Dakwah UIN SGD) anu dipingping ku akang, sing langkung nanjung tur ngalahirkeun SDM-SDM anu mibanda kualitas pinunjul, amiiin.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Dedy S. Ahmad Sholeh - May 2nd, 2008 at 04:53
Ass. Wr. Wb
Kang salam baktos ti simkuring..Pun Dedy S. Ahmad Sholeh, nu waktos ping 19 April 2008, seuratan perkawis Pikiran “nonoman” Sunda, nu sami sareng seuratan kang Gibson..
Hapunten anu kasuhun…Terutami ka Guru simkuring Al-Mukarom Ahmad Gibson Al-Bustomi sreng bilih sadaya komunitas seeur nu kasinggung hapunten
salam shilaturahmi. bilih aya kegiatan, hapunten kabari ka e-mail simkuring kang…hatur nuhun sateuacanna
Pun Dedy S. Ahmad Sholeh

Wa’alaikum salam wr.wb
sami-sami nyanggakeun salam baktos.
Perkawis seratan, abdi mah tara matalikeun sareng hubungan pribadi. Teu aya kaawonan di antara urang, janten teu kedah nuhunkeun dihapunten. Silaturahmi tangtos anu langkung utami.
Hatur nuhun parantos rurumpaheun nganjang kadieu.
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. Hidden Knight - May 6th, 2008 at 10:50
Sampurasun
Maaf saya sedang belajar bahasa sunda jadi senang membaca tulisan berbahasa sunda, saya mengerti bahasa sunda tapi belum bisa berbicara dan menulis dengan bahasa sunda.
Saya ingin mengatakan bahwa situs ini bagus dan cukup lengkap isinya. O, ya , saya suka dengan tulisan mengenai nyangku di Panjalu karena leluhur saya kebetulan dari Panjalu Ciamis. Sekedar informasi kalau ada teman-teman yang ingin mengetahui Sejarah Panjalu Ciamis, silakan cari “sejarah panjalu ciamis” di wikipedia indonesia.
Salam
Hidden Knight
  1. bugie jalu - May 10th, 2008 at 17:15
Ass. Wr.Wb
Salam Baktos kang!!!
Neupangkeun simkuring bugie…kawit mah ti asgar…ari rorompok mah di Bandung..mung ayeuna kaleureusan nuju ngumbara di pulo borneo.. sae pisan kang ieu website teh…meni lengkeup pisan nya…simkuring nuju diajar curat - coret (nyerat ) tina bahasa sunda yeuh. Isin kang kasebat we orang sunda tapi terangna teh mung bahasa2 sunda anu rada2 awon kitu.. Insya Allah kapayun mah simkuring bade teras we ngiring lawung di ieu web..maosan artikel2, sajak, carpon sareung nu sanesna dina bahasa sunda…etang - atang tollabul elmu.. sugan jeung sugan tiasa nyerat sapertos akang…hehe. punten kang dhipa manawian kagungan artikel atanapi naon wae ku pangersa bapa ino misno… haturnuhun sateuacana.
Wassalam
bugie jalu

Wa’alaikumsalam wr.wb
Hatur nuhun parantos rurumpaheun linggih. Sami2 abdi oge nyanggakeun salam pangwanoh. Mugia akang di pangumbaraan salawasna aya dina panangayungan Gusti Nu Maha Agung. Hayu urang sami-sami diajar, da abdi oge sami nuju diajar. Perkawis seratan Kang Ino Misno, sumangga engke bade didipidangkeun.
Hatur nuhun.
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. MIFTAH - May 14th, 2008 at 14:30
sae pizan kang,abdi yunior akang.alumni 2000 smp1panjalu,ayeuna nuju iktiar d’psr gdebge

Nuhun tos ditepangkeun di dunya maya. Sae pisan atuh nuju ikhtiar di Pasar mah. Mugia sing langkung nanjung tur aya dina karidoan-Na…
DHIPA GALUH PURBA
  1. Moh Syarif Hidayat - May 17th, 2008 at 02:09
Bos, Nyuhunkeun alamat lengkap nu di Bandung nya, jang nyieun surat undangan juri tea. Poe salasaan bisa ka Balai teu? supaya puguh ngobrol jeung panitiana. Eh, lamun aya data jangjawokan di daerah Bandung kuring nginjeum bisa teu? Pernah ka Cikundul can? kuring keur resep maluruh patilasan karuhun urang, Prabu Borosngora. Di ditu kuring meunang buku ngenaan Prabu Borosngora.
Panjalu…..Panjalu…. Hayu atuh urang ngawangun deui jati diri Panjalu. Ke.. kuring mah keur ngumpulkeun heula bekelna.
hapunten rada teu pararuguh. Intina mah nu di luhur nya.
  1. wandy darmawan - May 23rd, 2008 at 06:12
Ass.Wr.Wb
Kang..salam kenal ya…ti wandy alumni Pas.7,kang punten usulkeun atuh ka Kepsek Pas.7 Nu ayeuna supados ngadamel Website SMA Pasundan 7 Supados urang2 Alumni teu pegat komunikasi,aya media kanggo komunikasi,meh silahturahmi tetep terjaga,kang simkuring pasian elmuna atuh sangkan sukses siga kang Dhipa…..ari akang ayeuna Base camp na dimana?

Ayi Wandi, sama-sama salam kenal… Mangga insyaAlloh upami engke silaturahmi ka Kampus SMA Pasundan 7 Bandung, tangtos saran ayi didugikeun ka Pa Kepala.
Abdi sadidinten sok sering ameng di Jl. Taman Kiliningan II no. 5, Bandung.
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. Adang Saputra Sanjaya - May 28th, 2008 at 05:29
assalamu alaikum,
sampurasun aden,
sim kuring ti Caraka Sundanologi 96, saangkatan mang Zaenal, mung teu junun….. kabujeng janten kuli pabrik, salam pang baktos ka ayi dhipa, oge ka mang zaenal upami tepang, hatur nuhun…… wasslm.

Rampeees…
teu sawios-wios kuli pabrik oge, da langkung mulya batan pajabat anu sadidintenna ngorupsi artos rahayat.
mangga salamna tangtos didugikeun ka Zenal JURNAL.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Endrie_badruzaman - May 28th, 2008 at 17:01
Asslamu alaikum wr wb.
Sampurasun! Nepangkeun Kang, simkuring endrie. di bekasi.
Kaleresan abdi ngalongok ieu web, meni sae pisan eusina Kang.
Ngiring diajar sastra sunda ah Kang nya!!
Hatur nuhun.

Wassalammu’alaikum wr.wb
Rampeees…
sami-sami nyanggakeun salam pangwanoh.
mangga, urang sasarengan diajar, da abdi oge sami nuju diajar.
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. Adit - May 31st, 2008 at 02:53
Kang, abdi tos ngintun carpon saembara ka senisunda@yahoo.com. mung teu acan dilebetkeun. nuhun

Atos langsung dilebetkeun harita keneh oge. mangga we dicek di:
http://sunda.web.id/saembara-ngarang-carpon
atanapi di
http://galuh-purba.com
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. wandy darmawan - June 2nd, 2008 at 04:51
Ass.Wr Wb
Sampurasun kang,nuhun ah tos di bales,kang iraha atuh Pasundan 7 bade ngayakeun reunian,tong hilap di kabarnnya simkuring,kang pami akang gaduh sanggar teater teu simkuring hoyong gabung yeuh,kang pami aki daus teh tilas guru pasundan sabaraha?anjeuna ngajar naon kapungkurna?nuhun kang ah punten ngaganggu waktosna simkuring mah bangga akang sakitu sibukna tapi aya waktos kanggo maca sareng ngabales email ti simukuring.salam baktos…..
wass.
Wandy

Wa’alaikum salam wr.wb
Rampeees. Mangga engke upami aya acara Re-uni mah tangtos bakal diulem sadayana oge. Nyanggakeun we ka para alumni sanes nu langkung tanginas kanggo ngaluluguan acara Reuni. Perkawis sanggar, ayeuna mah abdi teu acan muka deui. Kapungkur kantos ngiring ngadegkeun Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka, tapi ayeuna tos teu aya kagiatan. Saena mah sumping we ka Gedong Rumentangsiang Bandung, tepangan Kang Yusef Muldiyana, teras ngiring sareng LASKAR PANGGUNG BANDUNG. Aranapi ngiring ngagabung we sareng TEATER PATIH SMA Pasundan 7 Bandung.
Perkawis Ki Daus, abdi teu pati terang kantos ngajar dimana-mana mah. Mung kapungkur we kira taun 2000-2002, sok sasarengan sareng Ki Daus maen Sandiwara Sunda. Ki Daus ngaluluguan Lingkung Seni Dewi Murni, abdi ngiring jadi anggota Ringkang Gumiwang tur jadi pangurus PSSB (Paguyuban Sandiwara Sunda Bandung). Anu jadi anggota PSSB teh diantarana Ringkang Gumiwang, Sri Murni, Dewi Murni, Victa, jste.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Endang Karin - June 27th, 2008 at 05:15
Assalaamu’alaikum wrwb.
Nepangkeun pribados turunan Dayeuh Kolot Ranca Petir Slagangga Ciamis asli, tapi nuju ngumbara di Tanjung Uban Pulo Bintan.
Kaleresan nuju milari urang Cikole atanapi Panjalu anu biasa kana besi di pasar jatayu bandung (Punten manawi terang No telpon H. Idong sareng Anggana alias Aleng). sakali deui pangapuntena sareng mugi tiasa janten tali silaturahmi.
Hatur nuhun

Wa’alaikumsalam wr.wb
wilujeng tepang di dunya maya, mugia akang sehat sapaposna di pangumbaraan. Perkawis telepon H. idong sareng Anggana, abdi teu acan maluruh, margi tos lami teu nganjang ka pasar beusi Jatayu. upami ka pasar beusi Kebonsirih mah rada sering…
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. agus muhidin - July 6th, 2008 at 14:04
kang dupi pengumuman juara carpo iraha nya? teras dupi pami bade ninggalan carpon anu ngiring saembara kumaha atuh nya
Bewara ngeunaan Pasanggiri Carpon katut karya-karya nu dipeunteun tiasa diklik di:
http://galuh-purba.com/bewara-saembara-ngarang-carpon-di-internet-hadiah-sastra-bujangga-maya/
Hatur nuhun
M. SUDAMA
  1. Nurdin - July 14th, 2008 at 11:32
Assalamualaikun kang …..
Punten kang bade tumaros, dupi abdi hoyong diajar suling, nyungken infona, kamana abdi kedahna ? Manawai aya nyungkeun alamatna.
Hatur nuhun,

Seueur nu tiasa nyuling mah, nanging upami nu kersaeun ngajarkeun mah duka (mangga nu kersa ngajarkeun nyuling geura ngacung!). Pami abdi tiasa mah, abdi oge kersa. hanjakal abdi mah tiasana mung ngacapi, bari cacarakan keneh.
Cobi we linggihan SMKN 10 (SMKI). Seueur nu tiasaeun nyuling di eta sakola. Sigana bakal aya deuih nu kersaeun ngajarkeun oge. Biasana sok aya latihan saban dinten Kemis tabuh 14.00 WIB. Terbuka kanggo masyarakat umum oge saurna mah.
DHIPA GALUH PURBA
  1. nU2n - July 16th, 2008 at 05:57
SAMPURASUN!!!!
Dmng kang???
Pntn pami simkuring “Slh Masuk”, kmrgi simkuring teu terang bade lbet kmn??SLM KENAL/SAMPURASUN??da pmi Slm Kenal sareng Sampurasun Parantos diisi (pami teu lepat hehe…)
Nembe simkuring ngaos artikel “spanjang jln sandiwara- surat keur Holisoh.ME”. Simkuring nembe terang yen pun ua teh resep kana kasenian Sandiwara Sunda, pami trang kitu mah panginten kamari2 basa simkuring pentas teh bkalan diUlem he..he…
Kieu kang, simkuring teh nyobian ngadamel Naskah Drama adaptasi tina carita dongeng Cinderella, tapi….nya dirobih total jalan ceritana.
Simkuring teh hoyong diskusi sareng akang ngenaan kumaha ngadamel carita Drama.kumargi…Insyaallah dipenjurusan, simkuring hoyong ngadamel sareng ngabahas naskah Drama.
Haturnuhun (Pnten pembukaana seueur teuing)

Rampesss…
Bagea, janten ka Ceu Olis teh perenahna Ua nya? nuhun atuh tos ditepangkeun. Tos kagungan kabogoh?
Sae pisan atuh sok sing enggal rengse bade ngadaptasi mah. Perkawis diskusi, mangga bae bade iraha oge, tapi tempatna ulah tebih teuing ti puseur kota.
Mugia sukses nyaaaa…
DHIPA GALUH PURBA
  1. peppy - July 24th, 2008 at 23:23
Assalaamu’alaikum Warahmatullohi Wabarakatuh.
Salam kenal kang Galuh, mugi aya dina kasehatan… :)
Kang, saya yang waktu malem2 telpon u/ menanyakan album nya H. Dodi Mansur “Janur Koneng”. Mohon konfirmasinya apakah bisa saya pesan lewat akang atau enggak, syukur kalau bisa… :)kalau enggak mohon di informasikan juga dimana saya bisa mendapatkan nya.
Hatur nuhun sateuacan na.
Wassalaamu’alaikum..

Wa’alaikum salam wr.wb
salam kenal kembali. O… Teh Peppy yaaa. insyaAlloh saya bisa sediakan vcd H. Dodi Mansur “Janur Koneng’. sami2, hatur nuhun nyaaa…
DHIPA GALUH PURBA
  1. ummy - July 30th, 2008 at 04:36
Salam kenal kang Galuh,
Saya salah seorang penulis buku Bandung Lautan Api “Saya Pilih Mengungsi” beberapa tahun yang lalu saya agak terentuh konmentar Kang Galuh tentang buku itu. Sebenarnya saya banyak keinginan untuk mengali tentang peristiwa BLA itu dari sudut orang sipil alias penduduk Bandung non militer, karena buku itu belum mengungkap apa sebenarnya yang terjadi dengan penduduk Bandung. Kapan ya kita bisa sharing dengan kang Galuh supaya ada hal baru yang akan kita bersama publikasikan hal-hal yang bisa kita angkat untuk sejarah orang Sunda. Terus saya punya penerbitan buku dan bulan depan akan menerbitkan buku tentang cekungan Bandung judulnya “Wisata Bumi” yang isinya panduan traveling plus sejarah geowisata Bandung. Mudah-mudahan Kang Galuh bisa membantu mendukung saya untuk penerbitan buku ini.
Salam
Ummy
kontak 081809050XXX

salam kenal kembali, saya sudah mengenal lebih awal melalui buku “Saya Pilih Mengungsi. Yaaa… kita bisa sharing kapan saja dan saya sangat senang, asalkan direncanakan saja seminggu sebelumnya, maklum jadwal saya kurang teratur, jadi sekarang lagi belajar mengatur waktu. Ok, semoga sukses penerbitan bukunya. Tentu saya akan sangat mendukung…
DHIPA GALUH PURBA
  1. utun - July 31st, 2008 at 12:06
sampurasun…
dina raraga runtuyan HelarFest.
Dihaturanan enjing Kemis 31 Juli 2008
Tabuh 19.00 - rengse
di Situs Sumur Bandung PLN Cikapundung Alun alun Bandung
Acara
Rajah Bubuka
Celempungan
Karinding
KendangPenca
Di Antos kasumpingan dulur dulur sadaya.
cag.

Rampes
hatur nuhun kana pangankenna.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Dedy S Ahmad Sholeh - September 2nd, 2008 at 06:57
Marhaban ya Ramadhan..
mugi sinareng sumpingna sasih shiam, urang saling ngingetan dina hal nu lereus ditambih ku kasabaran.
Hatur nuhun salami ieu seeur berbagi pangalaman tentang kasundaan, kumargi simkuring masih “muallaf” dina kasundaan.
Jazakallahu Khairan Katsira.
Pun Dedy SAS
  1. Ageung - September 3rd, 2008 at 19:09
Sumpah nembe terang aya web nu namina galuh purba, manawi teh situs ciamis purba, geuning nami jalmi, sae pisan lah. Salam kanggo Ki Daus sareng Rina.
Baktos ti urang Garut
AGEUNG
  1. uga - September 12th, 2008 at 16:25
Subhanalloh……………………
Reug-reug geuning hate teh. Ceuk saha sunda teh tingal ngaranNa nya? Tapi kamaranaari urang Sunda teh?Eh punten yeuh,nembe nganjang tos kieu,teu tatakrama ya….Baktos we

Maha Suci Alloh…
sami abdi ge reugreug yeuh dianjangan ku Kakang Prabu. Mangga linggih, anggo we sendalna, ulah dijingjing wae tah…
DHIPA GALUH PURBA
  1. uga - September 22nd, 2008 at 15:19
Pami bade ngintun naskah ka media mana wae, saena kumaha nya? Masih usum ditik, teras dikintun via pos atawa kana surat mudern sapertos kieu? kiat2na kumaha eta teh. Baktos

Kahiji, naskahna kedah aya heula. kadua, luyukeun sareng karakteristik media anu bade dijugjug. Ku kituna peryogi diteuleuman heula (diaosan) seratan-seratan dina media anu bade dijugjug tea. Sigana ngetik ku mesin ketik mah tos henteu pati usum, margi bakal ngalamikeun proses percetakan. Naskah anu diketik ku mesin ketik manual, tangtos kedah diketik ulang deui, ngagokan lah kabayang ku abdi mah, kecuali naskahna kenging penulis-penulis kasohor (Holisoh ME dugi ka ayeuna masih diketik manual, tapi tetep dimuat kumargi seratanna memang sae). Saena mah dikintun via email bae, ngagampilkeun ka urangna ongkoh.
DHIPA GALUH PURBA
  1. belenyeh - September 24th, 2008 at 23:27
Cikampek-Karawang masih keneh kalebet tatar sunda, ari basana mah tos campur aduk, kumargi di TK sareng TPA kanggo murangkalih basa pengantarna ku basa Nasional. Kukituna murangkalih ayeunamah kana basa sunda teh teu arapaleun, malahan sok dipake guguyonan basa sunda teh ku murangkalih mah asana lucu meureun. Nyuhunkeun pendapat kang purba kumaha carana ngajaran murangkalih kana basa sunda.
Usulan ka urang sunda anu ayana dimana wae, alusna mah ngirim seseratan ieu teh ku basa sunda weh, wioslah tataregtog ge itung-itung ngalancarkeun deui ingetan urang kana basa sunda. Kitu sanes kang?

Tangtos we Cikampek-Karawang teh tatar Sunda pisan. Lebar temenan pami masarakatna tos henteu ngagunakeun basa Sunda. Ari numutkeun simkuring mah, cobi wanoh-wanohkeun buku bacaan basa Sunda, lagu-lagu Sunda, tur pahlawan-pahlawan Sunda. Radio-radio Karawang sareng Cikampek masih keneh seueur nu siaranna nganggo basa Sunda (simkuring sok nyetel radio Karawang sareng Cikampek pami bade ka Jakarta. Tetela masih keneh rempeg Kang). Tah, mangga arahkeun sina ngadarangukeun radio nu nyunda.
Perkawis serat-sinerat, memang saena ku basa Sunda. Tapi pami teu tiasa mah, nya teu masalah ku basa nanaon oge asal komunikatif we.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Rika - September 28th, 2008 at 05:10
Ass.
Pak Dhipa, kakek saya penggemar Rika Rafika dan mau cari album terbarunya yang di produksi oleh Panama Record. Hanya saja di Google tidak ada informasi tentang alamat Panama. Ditanyakan lewat 108 telkom pun tidak ada telpon atas nama Panama Record. Apakah Bapak bisa bantu kai dimana kami bisa temukan alamatnya? Karena yang link dengan kata Panama/Rika Rafika cuma web- nya Bpk… Terimakasih…Nuhun…

Panama Record berdekatan dengan Kantor Redaksi Galura dan tata usaha HU. Galamedia, di Jl. Belakang Vactory, Bandung (Dari Masjid Agung, maju ke arah Banceuy, beberapa meter kemudian terus belok kanan). Cari saja di sekitar sana, pasti bakal ketemu. Kalau susah, temui Miftahul Malik di kantor redaksi Galura. Coba aja minta diantar Malik, kasih aja seribu sebagai imbalan jasa mengantar….
DHIPA GALUH PURBA
  1. uga - September 28th, 2008 at 13:51
pami ngintun naskah kanggo sb didieu teu sawiois?
“SAMAGAHA HATE”
Awak ngaheab panas, dada ngagedur,jantung ratug
nyelek ka luhur, nafas jadi sesek.
basa sareretan anjeun bareng jeung nu lian.
duka puisi duka naon eta mah mung kitu nyatana,diajar nyerat we ieu mah.nyungkeun komentarna we.Cag

Mangga, tiasa bae. Nanging pan parantos dipasihan terang, saena naskah kanggo Majalah SB mah kintunkeun via e-mail ka: senisunda@yahoo.com.
hatur nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. Mad Hastim - September 29th, 2008 at 07:11
Assalamu alikum
Kang , ngiring tumaros , upami oom somara de uci aya web site na henteu ? Uapami aya , punten abdi milarian alamatna.

Wa’alaikum salam wr.wb
manawi teh ngiring ka jamban…
Oom Somara De Uci, sastrawan Sunda ti Majalengka, kuncenna PUSTAKA KEMUCEN. Rupina mah teu acan ngadamel blogna. Perkawis alamatna, simkuring kagungan, tapi hilap deui nyimpenna. sabar nya, urang pilarian heula. Aya oge nomor teleponna wungkul. Cobi we kontak: (0233) 510241 - 511201 - 081802335760
DHIPA GALUH PURBA
  1. Dodi Eka Pratama - October 11th, 2008 at 05:00
Hatur nuhun sateuacanna, kartu lebaran ti Dhipa parantos katampi ku asta kalih katampa kalingga murda…
Kang Dodi rohangan leutik nya cukup keur 50 urang mah, di Jl. Sekeloa Selatan II Dipati Ukur, kumaha lamun ngayakeun panglawungan sastra, pintonan seni jeung budaya di eta tempat… Neda pangrojongna ti Dhipa.
  1. Uskaar Sumarna - October 11th, 2008 at 21:33
Ass. wr.wb.
Kang Galuh,
Pribados teh gaduh saset kaset (tilu kaset: vol 1, vol2, vol 3) Lutung Kasarung kaluaran Dasentra terbitan +/- taun 1983.
Penata musikna : Nano S
Koordinator : Ubun Kubarsah R
Maksud pribados teh hoyong gaduh Naskah/Rumpaka kawihna.
Manawi tiasa masihan bongbolongan kumaha carana, muwuh Kang Galuh mah seueur rerencangan tokoh-tokoh Sunda.
Nuhun sateuacanna.
Wass.wr.wb.
  1. christy regina - October 14th, 2008 at 08:02
Asalamualaikum Pak…..
Duh meni sae pisan Pak situs na….
Christy dugi betah maca na, ayena mah hayu urang sarerea budayaken bahasa sunda ameh teu punah jeung teu eleh heboh na ku bahasa gaul budak jaman ayeuna….
Hatur nuhun…..

wa’alaikum salam wr.wb… (teu kenging nyebat bapak, da abdi mah ABG keneh he he…)
Sok sing betah nyaaa. Upami tiasa mah ulah ka mamana saban dinten, teras we nagen di payuneun monitor bari mukaan galuh-purba.com
DHIPA GALUH PURBA
  1. beng - October 15th, 2008 at 12:11
cageur lur
cik ah jangjawokan teh kaluarkeun ameh rame deui.

Pangesto…. Kumaha silaing? Jangjawokan mah keur pere heula, rada jangar diudag-udag ririwa…
DHIPA GALUH PURBA
  1. Agus Pakusarakan - October 20th, 2008 at 01:53
sampurasun kang kumaha damang? lami teu aya iberna ka sikuring.. mugi2 akang sing aya dina kawilujengan..
iraha kang urang janten patepung lawung teh
ayeuna sikuring keur aya pakasaban di cisarua bogor
salam baktos
AP

Rampesss… alhamdulillah. Kumaha sawangsulna akang? InsyaAlloh ke abdi ngiberan pami ka Bogor, atanapi akang ngiberan abdi pami akang ka Bandung.
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. T.Hardjasukmana - October 24th, 2008 at 21:02
Akang/Bapa/Mang (bade naon bae nyebat ka sim kuring mah) aya nu masihan kaset Lutung Kasarung dina wangunan tembang sunda Cianjuran, mung hanjakal pisan teu aya naskahna. Upami aya naskahna mah tiasa menikmati bari diajar tembang. Punten upami teu kaabotan neda pitulungna kanggo ngiring milarian naskah nu dimaksad, sareng sing percanten ieu mah estu kanggo kaperyogian pribadi teu aya maksad ngarampas hak cipta batur sok komo upami aya niat milarian kauntungan sacara finansial mah.
Alamat : Tjetjen Hs
Jl. Rajawali Timur II No. 17 45141 Cirebon
Email : tj_hjs@yahoo.com

Naskahna insyaAlloh aya. Mangga sumping bae ka Perpustakaan Pusat Study Sunda, Jl. Taman Kiliningan 2 No. 5, Buahbatu, Bandung. Ti Senen-Juma’ah, tabuh 08.00 dugi ka 17.00 WIB.
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. Hendra Ningrat - November 5th, 2008 at 11:51
Assalamualaikum. Nepangkeun abdi ti Sukabumi
Wa’alaikum salam… abdi mah ti kamari oge di Bandung. Tapi duka enjing mah, aya kamungkinan di Jakarta atanapi di Bekasi…
DHIPA GALUH PURBA
  1. dinul emha - November 15th, 2008 at 09:34
asalamu alaikum Wr.Wb.
langkung tipayun hapunten anu kasuhun ka kang galuh purba pribados parantos tumaros perkawis sertpikat. anu salajeng ngahaturkeun nuhun mugi-mugi sagala rupi kasaean akang kenging imbalan nu satimpal ti anu maha ngawasa.
mejeng teras seni sunda.
  1. Dedy Sutrisno Ahmad Sholeh - November 15th, 2008 at 12:42
Assalamu ‘alaikum Kang Dhipa…
Kang bade tumaros, dupi jadwal agenda akang antara 22-25 November dimana? Simkuring insya Allah hoyong teupang. kinten2 na nu efektif sreng aya waktos dinten naon, tabuh sabaraha?
Hapunten via dunia maya, teu naros langsung…
Waleuran tiasa via email atau SMS
  1. A. Tresna - November 25th, 2008 at 05:51
Assalamu’alaikum Wr.wb,
Ayi Dhipa, punten Akang bade tumaros ka salira, kitu oge manawi salira widi.
Maksad teh bade naroskeun alamat e-mail-na pun dulur, Chye Retty Isnendes manawi salira uninga.
Kana naon kasaeanana ngahaturkeun nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr.wb.
A. Tresna
  1. Fredy - November 26th, 2008 at 17:50
pa ada filmnya ga tiga pendekar? saya mau beli filmya pa..
thx..
  1. gmanms - December 3rd, 2008 at 04:43
ass .wr .wb. nepangken abi ka akang dhipa
kang abi gmanms asli ti pangkiran jati tujuh
majalengka nes pami aya mojang 2 pang toelken
ka abi tekenging kunyalira wae nyaaaaaaaaa
pang wartos ken kablarea husus ka urang pasundan
wasalam
  1. leni agustina - December 5th, 2008 at 13:50
ass.wr.wb
apa kabar kang dhipa?smoga selalu sehat amien….
mo tanya nieh…,saya ingin sekali menceritakan perjalanan hidup saya, yang nantinya bisa dibikin sinetron,tapi saya ingin sekali curhat kepada seorang penulis,bisa bantu saya gak??terima kasih

Wa’alaikumsalam wr.wb
Alhamdulillah…
silahkan, kirimkan pengalamannya ke email: senisunda@yahoo.com
barangkali saya bisa membantu untuk mengolahnya menjadi sebuah naskah skenario.
DHIPA GALUH PURBA
  1. joeragan - December 6th, 2008 at 12:36
Assalamualaikum kang dhipa salam kenal sareng punten bade tumaros, teu nanaon upami abdi ngalebetkeun link website salira kana multiply abdi?hatur nuhun.

Wa’alaikumsalam….
sami-sami, salam kenal. Sumangga, bingah we diangken baraya di dunya maya mah…
DHIPA GALUH PURBA
  1. Dadang H. Padmadiredja - December 9th, 2008 at 11:50
Sampurasun
nepangkeun abdi dadang, punten kang abdi nembe diajar ngarang, hoyong dipasihan bongbolongan ngeunaan karya abdi
Rampes
  1. Syaiful - December 14th, 2008 at 01:45
Maaf ya, saya baru bisa mengunjungi web kamu dan membaca balasan komentar anda pada bulan Oktober 2008.
Saya pernah kuliah di Bogor jurusan pertanian, melihat web kamu jadi ingat lagi dengan makanan sunda terutama daun lalapan he he he
  1. ary - December 21st, 2008 at 06:20
Nama saya Aryani mandasiya
Saya sedang ditugaskan menyusun gerak tari daerah (tarian daerah di Indonesia)
Untuk itu saya sedang mencari referensi
Kira-kira adakah buku yang bisa saya pinjam (fotocopy)
Dan bisakah saya melihat tariannya (latihan untuk di dokumentasi lewat video
Atas perhatian dan bantuannya
Saya ucapkan terima kasih
  1. leni agustina - December 23rd, 2008 at 15:14
ass,wr. wb.
apa kabar kang Dhipa?
langsung aja ya kang…,tgl 5 des kemarin saya juga pernah masuk di web ini terima kasih banyak sebelumnya karna sudah membalas, jujur ya kang…
saya ingin sekali terjun di dunia akting dan saya memiliki cacat pada kaki kanan saya sejak lahir, tapi saya juga punya cita cita dan keinginan sama seperti mereka. perjalan hidup saya ingin sekali saya bikin cerita yang nantinya mudah-mudahan bisa dibikin sebuah sinetron, kapan hari di TPI menayangkan sinetron kisah nyata yang soundtrack lagunya kalo gak salah “aku mau” dari once,tolong bantu saya kang…Dhipa, saat ini saya bingung sekali apakah orang seperti saya bisa diberi kesempatan untuk mewujudkan keinginan dan impian saya selama ini,saat ini posisi saya di surabaya.bagaimana caranya ya kang …….,terima kasih banyak
wassalam
  1. beng - December 24th, 2008 at 05:51
jeh teu uyahan siah nyabit-nyabit ngaran uing. eta gera nyebut uing cunihin! borokokok dasar. uing mah sakieu bageur tur bener teh masih disalahkeun bae. nu kalakuanna goreng mah tuh si malik.
eh heuheuh
cenah uing mireng beja ti angin ilaing geus sedot lemak. bener eta teh? langsing meureun ayeuna mah. sakalian operasi kulit weh ameh rada bodas saeutik.
panuju uing mah mun ilaing ngalokan eta
rampes
beng

Ih ulah salah sangka. Uing mah ukur hayang ngecek ilaing: masih hirup atawa geus maot. Melang uing mah, geus mangalam-alam tara neuleu beungeut ilaing. omat mun rek maot, bejaan uing. Tapi kahayang mah ulah waka euy, uing euweuh batur. Mun silaing maot, saha nu rek moto raray uing atuh…
DHIPA GALUH PURBA
  1. asri - January 1st, 2009 at 15:05
assalamualaikum kang…
masih emut ka asri tea kan?? (sok terkenal pisan nya??)
alhamdulillah website ieu masih aya di kieu na.. sugan teh tos “gulung tikar”, maklum jarang browsing internet deui..
sibuk.. he..he.. ngadeupaan jalan Cilegon-Serang
sok lah, “kabar-kabari” mun aya acara.. hoyong ngiringan..abdi ayeuna mah ngadeupaan tol Cipularang saban Jum’at dugi ka Minggu
  1. Dadang H. Padmadiredja - January 4th, 2009 at 13:55
Kang kamari abdi ngintun dua carpon, nyuhunkeun di koreksi
hatur nuhun.
Abdi pituin Ciamis, tegesna di Karang Kamulyan, he..he..
turunan, wanarah
Mangga ah
  1. cucu.tri lestari - January 5th, 2009 at 09:56
ass…thax bangut pa selama I Smtr ini udah ngajar. banyak sekali manfaatnya, moga smster yang akan dtg bisa jadi dosen kpi A,,jangan sombong yach pa….see..you

sama2, trims. Tentu saya gak sombong. Buat apa sombong, sombong itu tak ada gunanya…
:)
DHIPA GALUH PURBA
  1. Irawan - January 12th, 2009 at 06:28
sampurasun dulur!
Kumaha damang?tos lami teu komunikasi nya
ieu mah sekedar ngawartosan, abdi tos lami ngalih ka ciamis kang, pacabakan mah serabutan. Mung nembe tiasa ngadamel putri hiji, ayeuna tos tujuh sasih, geulis deuih.
tapi simkuring gaduh sampingan bisnis online, bilih hoyong terang mah sok we buka website pribados di http://www.formulabisnis.com/?id=Iraoneciamis
lumayan tamba lumanyun kanggo dapur ngebul sareng modal naek haji.
sakitu heula ti pribados
salam sono
irawan
  1. Uskar Sumarna - January 13th, 2009 at 02:51
Ass.wr.wb.
Kang Dhipa,
Bapa teh gaduh saset kaset ( 3 kaset, Vol 1 - 3 ) Lutung Kasarung ex Dasentra nu dipeser taun +/- 1983.
Saur Bp. Dhipa Naskahna aya di Pusat Studi Sunda.
Bapa teh bade tumaros manawi uninga No. Telepon atanapi e-mail :
Perpustakaan Pusat Studi Sunda
Jl. Taman Kliningan 2, no. 5
Buah Batu, Bandung
Maksad Bapa teh bade tumaros manawi Gaduh keneh Naskah Lutung Kasarung.
Nuhun pisan kana perhatosanana.
Wass. wr.wb.
Uskar Sumarna
Bogor

Wa’alaikumsalam wr.wb
tlp Pusat Studi Sunda: (022) 7310625
Sami-sami, hatur nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. Andri Hardiansyah - January 23rd, 2009 at 17:27
assalamu’akum kang dhipa, simkuring haturkeun nuhun kana nilaina, sarengdeui sim kuring teh bingung kumaha cara ngabalesna he…. sakantenan bade ngabagi info yen yeuna mah aya situs nu tiasa ngadetek plagiarism akang tiasa ngakses link ieu :
sigana situs ieu penting kanggo akang, anu sadidinten ngotret sareng ngapublish seratan di internet. Aya hiji deui kang ..naha ayeuna mah situs akang teh rada lemot diloadingna, katawisna mah tos pinuh teuing memoryna atanapi seueur foto nu teuacan di konpert janten berat….hawatos kang ka penggemar kedah ngantosan lami kanggo ngengingkeun impo ti situs ieu. hatur nuhun kana perhatosanana,
Wassalaam
Andri Hardiansyah
  1. zaeskinzz_69 - January 24th, 2009 at 20:40
………………………………………………………………….
dUSUN YaNg hANYa aDA eMBUN, dIATAS nYA aDA lANGIT yANG hANYA adA bULAn saJA..
kAPAn sIaNg nYA dULuRRRRRRRR……..
WKWKWKWWK……
_kiDDiNG_
  1. beng - January 29th, 2009 at 07:27
kumaha beja ilaing?
sehat euy?
cenah deuk meakkeun masa lajang?
iraha urang pesta bujang atuh?
ajak si malik tah ameh rada baong saeutik hirupna
  1. yoyo - February 3rd, 2009 at 13:27
sampurasun
tgl 19 februari aya upacara adat nyuguh di kampung adat kuta ciamis. acarana isuk-isuk, peutingna hiburan. pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya dibuana
alamatnaklik bae Kuta.com
  1. yadi k - February 6th, 2009 at 04:21
assalamualaikum, Wr. Wb
kumaha kang damang hatur nuhun pami damang mah
masih emut keneh ka simkuring………..
wilujeng wae ka kang difa
  1. Qyora - February 12th, 2009 at 06:09
waah,,,seneng bgt akhirnya saya bisa menemukan situs yang bisa bikin saya semangat lagi untuk berkarya. tapi maaf ni sebelumya saya mau bgt cerita saya bisa di filmkan, mungkin Pak Dhipa bisa bantu saya. karena saya memang pemula, dulu saya suka kirim ke majalah-majalah tapi sekarang saya kurang PD ( percaya diri ),soalnya udah lama banget ga nulis. pokoknya buat Pak Dhipa Sukses selalu dech,,,,,,,
  1. kang acun ti jondol - February 12th, 2009 at 10:35
KANG NAHA POSTING NU ABDI DI PENDING WAE?…
  1. kang acun ti jondol - February 12th, 2009 at 10:45
KANG DHIPA PUNTEN AH PAMI POTRET ABDI HOYONG AYA
DI WEB IEU KUMAHA CARANA…ARI AMBU DAMANG
KANG ARI ANU NGANGKEN NGAING TEH JALMI ATANAPI KERESEX…BASANA MANI GARIHAL…KEDAHNA LEBET KA WEB SITE …DEUREUNTEN.COM HE HE …
  1. Iwan ardhie prieyana - February 25th, 2009 at 12:18
Salam pangwanoh .
  1. e.sutisna - February 26th, 2009 at 06:05
Assww.. Kang abdi nyuhunkeun bantosan/info perkawis kaset Lutung Kasarung ex Dasentra (3 kaset) sareng gending karesmen “Si Kabayan”, di mana tiasa meser atanapi milari eta kaset atanapi upami aya CDna. Di Pusat Studi Sunda tos ditaroskeun tapi teu gaduheun, mung aya naskahna wungkul. Kapungkur abdi kantos gaduh tapi ayeuna teu kapendak deui margi alih-alihan bumi/kota. Hatur Nuhun bantosannana.
  1. e.sutisna - February 26th, 2009 at 06:07
Assww.. Kang abdi nyuhunkeun bantosan/info perkawis kaset Lutung Kasarung ex Dasentra (3 kaset) sareng gending karesmen “Si Kabayan”, di mana tiasa meser atanapi milari eta kaset atanapi upami aya CDna. Di Pusat Studi Sunda tos ditaroskeun tapi teu gaduheun, mung aya naskahna wungkul. Kapungkur abdi kantos gaduh tapi ayeuna teu kapendak deui margi alih-alihan bumi/kota. Hatur Nuhun bantosannana.
  1. tri - February 27th, 2009 at 07:14
abdi nge fans pisan k neng teni norman wijaka, hyng potret na kengeng teu? atanapi profil lengkapna.nuhun
  1. Uskar Sumarna - March 2nd, 2009 at 14:29
Sdrk E. Sutisna ping 26 February 2009 nyerat majar tiasa mendakan di Pusat Studi Sunda Naskar Lutung Kasarung, naha leres???
Upami leres tea mah, Alhamdulillah. margi Bapa teh tos lami pisan maluruh Naskah Lutung Kasarung. Dugi ka ayeuna teu acan mendakan.
Bapa gaduh kasetna, malah tos di kana CDMP3-keun, durasina 173 menit.
Sdrk E Sutisna upami kopi Naskah tos aya di salira, urang patukeur yu! Nyuhunkeun alamatna engke ku Bapa dikintun CDMP3 na!
Malihan mah Bapa ge gaduh koleksi lalaguan Mang Koko/Ganda Mekar nu seueurna nembe kl 170 lagu! Ti lagu Angin (”A”) dugi ka Wengi Enjing Tepang Deui (”W”)
Ieu oge tos di kana CDMP3-keun deuih. Ma’lum Bapa teh maniak pisan kana lalaguan Mang Koko teh.
Cekap sakieu bae heula
  1. Arif Brata - March 5th, 2009 at 04:04
asalamu alaikum
mang kumaha damang?…. iraha atuh bade mudik ka lembur?
eta cigorowek teu acan di promosikeun di website na,,,hehehe
ari linggih ayeuna aya d mana?
tos gaduh bati sabaraha mang?,,,, meni lawas ti lawas… kumo mun baca sd panjalu 4 anu ayeuna kondisina sangat menghawatirkan asa sok hoyong ngabntu,,, tapi bingung kedah kumaha carana,,,,
mang salam kanggo sadayana.. aa ade jena, neng dewi, teh tunang oge,,,
wasalam bahtiar
  1. Dedi Rosadi - March 6th, 2009 at 19:29
Assalamualaikum Kang…
Kumaha Damang?? mudah2an emut keneh ka sim kuring :)(alumni pas-7), akhirna kapendak oge geningan websitena he.hee.. abdi kantos ngadangu akang aktif di majalah sunda mangle (beja ti babaturan sa kantor, Ida Rukmana he.ehhe..), hebat geningnya ayeuna mah tos tenar kieu sareng tetep ngamumule budaya sunda, salut pisan kang…
Mudah2an upami aya waktos urang tiasa ngobrol2 panjang lebar, kangen ka babaturan sa angkatan jeng mudah2an simkuring tiasa nimba elmu ti akang.
salam..
Dedi Rosadi
022-73451177 / 022-70909312
(Alumni Pasundan 7)
  1. saepuloh - March 8th, 2009 at 10:43
simkuring ngapresiasi nu saageung2na ka ieu situs. namung aya nu kirang nu diperyogikeun pisan ku simkurung khususna ngeunaan conto2 pidato basa sunda nu lengkap. kumargi kitu, simkuring nyuhunkeun supados ieu situs dilengkepan ku pidato2 basa sunda kegiatan naon wae. misal: MC basa sunda, sambutan, serah terima pernikahan, pidato khitanan, syukuran, jsb. nu lengkap sareng mun tiasa ngagunakaen bahasa-bahsa buhun+babasan nu sok dianggo ku para sepuh ,,, hatur nhun, mohon ieu komentar diwaler/ditanggapi ka e-mail simkuring : aep_saepuloh87@yahoo.com
  1. ngkunh - March 16th, 2009 at 14:46
Ass.Wrbb.
ngahaturkeun nuhun aya urang sunda anu nyaah keneh ka lemah caina. Ieu abdi teh peryogi carita silat sunda, mani sesah milarian teh, geuning ari carita silat deungeun-deungeun mah mani gampil milariannanateh, cik atuh kanglah eusian oge ku carita silat ti sunda heg kenging nga bundel ngarah gampil diunduhnna nya. hatur nuhun
  1. Mustafid - March 24th, 2009 at 15:34
Tadi siang kumaha acara Nyangku Di Situ Lengkong Panjalu kang Dhipa?
Simkuring teu tiasa dongkap ka Panjalu, padahal mah hoyong pisan ningali Kabudayaan Sunda anu lestari keneh, komo deui Budaya asli Tatar Galuh Parahiyangan.
  1. Wandian Rusnawan - April 1st, 2009 at 10:44
Kang pami logo dalem bandung / Kab. Bandung nu sae naon, di tingal kana sajarah perjalananna, pami maung kan jawa barat
  1. Titing Kartika - April 2nd, 2009 at 11:46
Asslm, aduh kenapa komen untuk Kang Dipa selalu di pnding yach. I need your help to give some data relating to Desa Panjalu and situ lengkong hatur nuhun
  1. Vidzas R_dien - April 2nd, 2009 at 12:22
Assalaamu ‘alaikum!
Kang, sim kuring nembe diajar ngeblog yeuh. Bade mundut widi Widgetna didudutan sapalih, nya.
Hatur nuhun!
  1. Langit Bumi Lenglang - April 7th, 2009 at 06:47
As.Wr.Wb.
Mangga nu peryogi data Gan Oom Somara de Uci, pangarang Rajagaluh Majalengka nu maneuh nulis carpon di Manglè, tiasa akses di:
www.kemucen.co.cc
www.kemucen.blogspot.com
email: kemucen@yahoo.co.id
ayeuna anjeuna ngiring nyaleg kanggo DPRD Majalengka ti PAN Dapil 5 Majalengka
  1. Agus MuplA - April 8th, 2009 at 09:47
wah ternyata kang dhipa meni nyunda pisaaan… sae weblog-na kang…
  1. Wa Akung - April 12th, 2009 at 08:20
Sampurasun…………
Kang, usum naon di Panjalu ? usum culak-colok panginten nya…! kade ah..bilih lepat nyolok, komo sering pisan pareum listrik ayeuna mah…!
Kang, cik….ah, manawi kagungan referensi sejarah lembur pribados…..Desa Narimbang di tutugan Gunung Tampomas…diantos kang, punten tapi nya ieu teh bet kumawantun, da dibandungan teh akang mah estu ku jarambah sagala diulinan……manawi we aya informasina. Hatur nuhun pisan sateuacanna.
  1. yoppy yohana/Ki Ibun - April 23rd, 2009 at 08:51
Assalamualaikum…
Sampurasun Ki lanceuk…SAE PISAN, KREATIF web na. Bingah aya urang Panjalu tiasa sukses…mdh2n keturunan Panjalu sukses sadayana Amin…umumna Urang Sunda n dulu urang muslimin muslimat…dibeungharkeun….
Sareng Bingah ngabuka situs kang Dhipa, janten tiasa kenal sareng buyut2 Panjalu….Nuhun website na…
Bingah pisan janten urang Panjalu, janten urang Sunda, janten urang Pasundan/Pajajaran, janten urang Jawa Barat atanapi kapungkur mah Jabar teh disebut Bumi Putih, sakaterang Yov…kapungkurna Alhamdulillh urang Pasundan mah teu warangkelang teuing janten gampil dina nampi ajaran Islam teh…teras kusabab SEUEUR ANU ALIRAN PUTIHNA, JANTEN Jawa Barat/Pasundan disebut…BUMI PUTIH….
Yoppy Y.
SMPN 1 Panjalu
  1. Dadun Abd MG - May 10th, 2009 at 07:27
wah…..resep yeuh bisa ngemut ka tataran suda……maju terus lah kang di webna……di doakeun sing gampil sagalana…aminnnn…..ssalam lah ti DADUN ABDUL MUGITS KA KANG ASEP………nu bade online sareng abdi add wae..msn : daniel.dans@hotmail.com atanapi yahoo : dans_dani2000 di antos lah…….wassalam
FROM : UNIVERSITY OF BRUNEIDARUSSALAM ALUMNI MA RIJALULLHIKAM JATINAGARA THN 2004
  1. asep deddy - May 22nd, 2009 at 01:23
assalamualkum kang Dhipa, nepangkeun yeuh abdi, wasta asep deddy, kantun di Bekasi ayeuna mah, nuju alit mah di Padalarang Bandung, tah ngumbara ka Jakarta ti umur 19 th, nepi ka ayeuna geus 41 th, meni asa bingah teh teu kahaja muka abah Google “sunda” naha bet aya Galuh Purba.com, ah teras weh d aosan ning sae pisan eusina teh, mani matak waas, asa emut deui ka majalah mangle langganan sepuh nu sok di aos kapungkur nuju alit, ih pokonamah two thumb up lah ka web ieu, pertahan kan dan tingkatkan saur pejabat baheula mah cenah kitu,
nuhun ah, cag,,,
asep deddy
  1. ADhie - June 5th, 2009 at 07:03
ngiring ngaramekeun we kuring mah
hehe….
  1. Asikin Widi Jatnika - June 6th, 2009 at 13:47
Ass Wr.Wb
nepangkeun kang abdi ekeng ti kulon .kmaha kang damang? ngiringan ya kang ngarojong.
punten bade tumaros sareng aya kahoyong kang? kintunanlah ka e-mail kula eta kang skenario kanggo updat paturay tineung badrudak sakola heseeeeee pisan didaerah baduy mah kang milarina naskah teh.nhn nya kang mugia bengras manahna.walerannya kang
  1. Bambang - June 10th, 2009 at 12:41
assalammualaikum Wr Wb
Kasadayana Neupangkeun nami abdi bambang ti kalimantan.
Punteun upami aya nu teurang kumaha carana atawi dimana tempatna supaya abdi tiasa ngagaduhan
1. kaset tentang pupuh atawi kaset kawih sareung bukuna
2. Kaset lagu Inohong dibojong rangkong
Upami aya nu teurang, pnteun pisan kang / teh bejaan abdi di bambang.utoyo@kpc.co.id
Haturnuhun pisan kasadayana
  1. Agah Nugraha - June 25th, 2009 at 16:42
Sampurasun Yi Galuh, dipilarian, mani sesah, manawi ngepos di face book,? Ari simanahoreng, ayi mah gaduh website nyalira tea, nya? Hilap yi, nuju di bumina Yus,apan kantos ngobrolkeun website ayi, malum faktor usia. he he. he. Tah ayeuna mah kapendak. Kumaha parantos tamat ngaos “Sekar Wuyung” teh? komentar sareng masukanna ah, sateuacan di ka Majalah keun, diantos nya?
Aeh,muhun, dupi alamat facebook ayi naon?
Mamanawian bade rurumpahen ngalongokan facebook abdi, ieu alamatna: agahnugraha@rocketmail.com
Wasalam
  1. Mang Utas - June 26th, 2009 at 10:21
Sampurasun..
Punten Kang…bade tumaros iraha deu bade aya sayembara nulis carpon?
hatur nuhun
  1. Apip Mulyantara - July 2nd, 2009 at 13:33
Sampurasun….
Manawi tiasa ngintun terjemahan kitab waruga jagat…peryogi bahan kajian kanggo spritual instropeksi dina raraga nyusur galur kabuhunan…
wasslm, htran ka Akang slm baktos sim kuring kumalancang
  1. asiya nurasanah - August 11th, 2009 at 15:44
assalamualaikum…
kang dhipa, ieu sareng asiya ketua teater patih sma pasundan 7 angkatan 4.
ameng atuh ka pasundan 7..
hatur nuhun kang…
wasssalammualaikum..
  1. A.D. Sutedi - September 2nd, 2009 at 18:14
Yi…akang gaduh seratan kengeng dikintunkeun ka ayi kanggo dikoreksi. akang ayeuna nya teu gaduh wadah. kamana kedah nyalurkeun karesep akang.
  1. ilhamsantosa - September 14th, 2009 at 10:26
Asalamualaikum….kang.. abdi gaduh kitab tulisan tangan basa sunda thn 1336.. pang ngicalkeun kang ..peryogi biaya yeuh.. keurbudak sarakola…hatur nuhun…
  1. Yulius Hendra - October 27th, 2009 at 17:57
Berita Duka
Telah meninggal dunia pada tanggal 23 oktober 2009, pukul 20.00 malam, dalang sepuh pasundan Elan Surawisastra, pada usia 93 tahun.
Almarhum telah dimakamkan di desa Cimekar, Cileunyi Kabupaten Bandung pada hari sabtu 24 Oktober 2009, pukul 10.30 pagi
  1. Dede Mulyadi - November 10th, 2009 at 16:59
Assalamu’alaikum…
Seja nepangkeun, simkuring reueus pisan ku sagala rupi prestasi sareng kamotekaran kang Purba dina sagala rupi hal. Kahoyong mah sami, mung panginten katiasa nu benten mah nya kang…, mudah2an ku niat oge tos gaduh peunteun nu sae dina ngamajengkeun budaya sareng tradisi sunda.
Manawi diwidian, ieu website ku simkuring seja “di-link” dina “website & blog pribadi” nu sim kuring, taya lian nukahiji hoyong ngiring euyeub ngajomantarakeun kabudayaan sunda, atuh nu kaduana mah upami simkuring hoyong maca atanapi diajar teh teu kedah nyerat deui dina “browser” kantun “klik” weh panginten.
Upami diwidian, Simkuring seja nganti waleran nana ngalangkungan
email : mulya_deras@yahoo.com
site : http://bissniskinerja.com
blog : http://ecliptika-maura.com
FB : Biskin Spiker
SMS : 0878 2979 2333
Hatur nuhun pisan, mugia salira aya dina ginanjar kawilujengan…,amin.
  1. dadang sadkar - November 12th, 2009 at 10:13
sampurasun. Kieu tah nu dipikahayang teh, budaya Sunda disamaktaan ku pakarang teknologi canggih. Nuhun kang ah, ngiring bingah yeuh ningal website kang Galuh Purba. Sakantenan deuih kang, hayang dipangkritisian carpon simkuring di http://dadangsadkar.wordpress.com/ boh nu carpon basa Sunda, boh cerpen bhs Indonesia.
Hatur nuhun ah.
  1. rony saputra - November 20th, 2009 at 08:01
selamat sore kang galuh…..sy rony di bogor…sy mau nanya di yach alamat lunar film…??????
  1. David - November 25th, 2009 at 12:54
ass.
wilujeng wengi kang…
punteun yeuh abdi bade ngarepotkeun,
nuhun keun naskah anu bade di angge kangge pentas akbar di GK rumntangsiang… sadayananya kang, kangge d pelajari! atur nuhun satacana..
_david_
  1. rony saputra - November 27th, 2009 at 00:22
kang di mana alamatnya lunar film yach kang…..di antos balesannya kang
  1. rony saputra - December 21st, 2009 at 13:33
kang dhipa…di mana alamatnya lunar film yach…di antos balasannya ya kang./
  1. opik ahmad - January 30th, 2010 at 06:46
kang, wilujeung tepang.. ngawanohkeun.. nami abi opik.. asal ti majalengka. nuju nyuprih elmu pangaweruh di UIN sagede bandung…
  1. bagdja - March 17th, 2010 at 14:49
Salam..,salut dan nuhun ka Galuh Putra yg bgtu kuatnya
melestarikan kebudayaan sunda dan Indonesia umumnya
maju terus …,sukses
  1. jabon - August 17th, 2010 at 10:41
duh ga paham deh aku dengan bahasa yang ini…
  1. bagus - October 29th, 2010 at 15:12
ass wr wb, reueus aya web siga kieu eusina, nuhun kang…….kang, punten pisan manawi ieu mah, gaduh VCD / format film nu eusina, maca sajak atanapi drama sunda, peryogi kanggo bahan apresiasi siswa, kaleresan abdi teh ngawulang di smk…..digaleuh mangga atuh pami gratis ngabackup sae :)….haturnuhun sateuacanna…….
  1. Nanang - November 20th, 2010 at 09:10
Ass.wr.wb,
Haturan wilujeng tepang, abdi wasta Nanang padumukan di Pangandaran, maksad seja tumaros mamanawian kagungan wartos atanapi informasi saha anu kagungan Buku Sunda Anu judulna Si Buntung Jago Tutugan.
Kanggo tawis panuhun, sim kuring gaduh buku si pintjang djawara santjang anu masih keneh kumplit kalayan dina kaayaan mulus pisan.
hatur nuhun.
Salam baktos
Nanang
  1. Aki Gassik - January 16th, 2011 at 01:56
Ngiringan atuh deuh.
  1. lia yuliani - February 5th, 2011 at 09:01
assalamualaikum…
sampurasuuunnn kang…
meni sono lawas teu tepang, mugia aya dina ginanjar kawilujengan,ginulur karahayuan.
nuhun ah sanaos ngalangkungan website namung masih tiasa silaturahmi.
salam baktos
-lia padasuka/Cicaheum_
  1. aa sudirman - February 19th, 2011 at 05:26
sampurasun amang,
aduh beuki nanjer wae geuningan. Takluk lah. hanjakal kamari teu tiasa ngiring ngariung di Simpar. Rumaos lepat.
tii alo nu nuju di ngumbara di Pulau Dewata
  1. tama - February 19th, 2011 at 10:28
sampurasun ah, caritana sae, asa reueus basa sunda sareng kasenian sunda tiasa langkung dikenal tur dipikawanoh ku sararea. hayu urang mumule basa sunda, kusaha deui atuh ari kuurang urang sunda.
  1. As'as Nurasni - March 25th, 2011 at 01:56
alhamdulillah gening kapendak oge…kamana wae atuhnya simkuring teh meni nembe mendk situs ieu…emmhhh…hebat kang dipa, asa isin ayeunamah urang sunda teu apal budaya sunda malihmah teu tiasa nyarios sunda (nu leres)….hoyong diajar langkung paos deui akh melalui situs ieu…ngiring bingah ah kang dipa…tos lami teu ngopi sareng kang dipa…mugi sing sehat sapapaosna, sukses nyaaa….
As’as di cibiru
  1. As'as Nurasni - March 25th, 2011 at 02:02
Assalamu’alaikum…kang dipa damang? mugi sing damang we ah
aduh–aduh…kamana wae atuhnya simkuring teh meni nembe muka itu website…alah hebat euy…sok isin janten na teh, urang sunda teu apal budaya sorangan, malahmah teu tiasa nyarios sunda (nu leres), bade belajar lebih dalam melalui ieu website,,,,tambih sukses nya kang dipa!
As’as di cibiru tea…
  1. juna - April 13th, 2011 at 17:30
assalamwalaikum mas. salam kenal dan succes selalu.
aku suka menulis seperti mas.
apa aku boleh menerbitkan tulisanku di sini yah mas?
yah sebagai bahan pertimbangan dan masukan dari mas, saya minta tolong kasih kritik tulisan saya kalaupun mas berkenan menerbitkannya.
makasi
waalaikumsalam Wr.WB
salam kenal juga…
Silahkan menulis disini, kirimkan saja naskahnya ke email dhipa@galuh-purba.com
DHIPA GALUH PURBA
  1. Usep Garmana Razaq - June 2nd, 2011 at 06:28
Assalamu’alaikum Wr. Wb
Haturan wilujeng kenal sareng pribados ti pakidulan Cimerak-Ciamis.
Ngaraos bingah kuayana forum ieu,pribados hoyong pisan ngintun mangrupi carpon,sajak atanapi nu sanesna.
Etang-etang diajar ngamumule sareng ngabudayakeun carita-carita sunda oge nu sanesna.
Waalaikumsalam wr.wb…
Haturnuhun parantos kersa rurumpaheun ka Galuh-Purba.Com.
.
sami2 nyanggakeun salam pangwanoh ka baraya di tatar Galuh. TAngtos bae bingah pisan upami bade ngiring ngaramekeun ieu situs. Sumangga diantos pisan kintunan seratanna…
Baktosna
Dhipa Galuh Purba
  1. Usep Garmana Razaq - June 2nd, 2011 at 06:39
Hapunten pribados asa kakantun pangalaman nembe mendak forum ieu,ku kituna mugia kang Dipa kersa ngamaklum sateuacana.
  1. yusman 98 - June 6th, 2011 at 08:05
Assalu`alaikum wr wb.
Wilujeung kenal sareng pribados ti Bandung. alhamdulillah abdi mendak ieu situs nu sae pisan nu ngabudayakeun budaya2 sunda. Kaleresan abdi sakaluarga hoyong pisan ngaos wawacan Purnama Alam karangan R. suriadiredja. kedah kumaha carana kang Galuh?? Hatur nuhun. Wassalam
Waalaikumsalam wr.wb…
Haturnuhun parantos kersa rurumpaheun ka Galuh-Purba.Com.
Sami2 nyanggakeun salam pangwanoh.
Sumangga, naskah wawacan Purnama Alam insyaAllah bade dipidangkeun. Anu kagungan eta naskah teh di Perpustakaan Pusat Studi Sunda.
Baktosna
Dhipa Galuh Purba
  1. agus permana - May 31st, 2012 at 03:00
Lam kenal aja dari sy dan sy sangat berkesan atas isi website anda apa yg ada dan sy cari ada di website anda trima kasih
  1. YANA TARYANA - November 2nd, 2012 at 16:22
Assalu`alaikum wr wb. punten hoyong conto format penilaian kanggo lomba biantara basa sunda
Dhipa Galuh Purba
HP: 081 80 999 26 99
email: dhipa@galuh-purba.com - dhipagaluh@yahoo.com
YM: dhipagaluh
FACE BOOK: Dhipa Galuh Purba (dhipagaluh@yahoo.com)
Dhipa Galuh Purba Dua (dhipagaluhpurba@yahoo.co.id)
Twitter: @dhipagaluh
PIN: 29491699
157 Komentar pada tulisan “Kontak”
  1. Kartika Catur Pelita - October 3rd, 2007 at 06:40
Assalamualaikum…
Saya kagum sama prestasi kamu yang hebat. Saya juga tertarik untuk jadi penulis skenario. Boleh tahu
gimana caranya agar skenario yang kita bikin
bisa disinetronkan. Apakah kita harus door to door
Ke PH tsb? Oya..kalau boleh tahu berapa sih honor skenario untuk pemula?
Pernah nggak kamu main ke Jepara? Salam kenal…
Tolong email ini dibalas
Wassalam…
Kartika
Wa’alaikum salam Wr.Wb

Terimakasih, Alhamdulillah, segala puji hanya milik Alloh. Saya, tentu, masih terlalu banyak kekurangan. Dan saya juga bukan apa-apa dibanding para penulis skenario yang lebih senior semisal Kang Eddy D. Iskandar, Pak S. Dalimunthe, Mas Prawoto Soeboer Rahardjo, dsb.
Caranya tinggal ditulis aja semenarik mungkin. Cara menulisnya, coba cari buku mengenai penulisan skenario. Bikinlah cerita yang bagus, segar, tidak memplagiat karya orang lain, dan sebagainya. Setelah itu, cobalah datang sendiri ke PH (Production House) untuk menwarkan naskah tersebut. Setiap PH, memiliki karakteristik atau ciri khas masing-masing. Misalnya, untuk kategori sinetron laga atau cerita silat, Diwangkara Production atau Genta Buana yang suka bikin. Jadi, sangat tepat kalau menawarkan sinetron cerita persilatan ke PH tersebut. Ada pula PH-PH yang lebih banyak memproduksi cerita remaja, drama keluarga, komedi, religi, misteri, legenda, dsb.
Artinya, kenali dulu PH yang akan kita datangi. Jangan sampai menawarkan cerita legenda ke PH yang tidak pernah bikin legenda. Ntar, kalau nonton sinetron, simak juga credit titlenya. Kita bisa tahu nama sutradaranya, penulisnya, pemainnya, PH-nya, dan produsernya.
Kalau sudah mencoba, tetapi ditolak, janganlah putus asa. Mungkin naskah kita yang kurang bermutu atau selera PH-nya berbeda dengan naskah yang kita tawarkan. Sabar, dan terus mencoba. Berikhtiar dan berdo’a. Oleh karena itulah, penulis skenario pemula harus memiliki mental baja. Tenang saja. Kalau sudah waktunya, Alloh SWT pasti membuka jalan. Jangan lupa, dalam kehidupan sehari-hari, banyak-banyaklah kita memberi ruang kepada irang lain, insyaAlloh kita pun akan mendapat banyak ruang. Sebagai bahan perbandingan, saya akan tampilkan contoh skenario yang sudah ditayangkan. Ingat, hanya bahan perbandingan. Tidak mesti harus mirip seperti punya saya, karena karya saya pun tentu banyak kelemahan.
Untuk honor, sebaiknya jangan terlalu dipikirkan. Honor akan berjalan seiring dengan produktivitas dan kualitas karya kita. Saya juga masih penulis pemula. Ketika pertama kali menulis skenario di PT. Lunar Jaya Film, honor saya Rp 2. 000. 000,-/ episode. Bagi saya, honor tersebut sangat berharga dan sangat saya syukuri.
Saya pernah beberapa kali ke Jepara. Terimakasih, semoga persahabatan kita membawa kebaikan untuk kita.

Terimakasih
Dhipa Galuh Purba
  1. asepumi - October 10th, 2007 at 08:49
Assalamu’alaikum
Haturan juragan…. sae yeuh situs teh…
Ngiring bingah ah…
Pokona mah keren, keren, keren…
Hidup Kang Dhipa !
Wassalamu’alikum
Wa’alaikum salam wr.wb
Nu hebat mah Kang Asep Umi. Lawas ti lawas meni matak waas. Emut keneh nuju ngaheko di Cipadung? Nuhun kana pangrojongna. Kade ah, sanaos ayeuna tos raos di Jakarta, ulah waka aya emutan kanggo nambihan bojo.
Baktosna
Dhipa Galuh Purba
  1. Yeddy Hendrawan S - October 24th, 2007 at 09:04
Dhipa ieu situs teh gening alus. Teu nyangka gening tulisanna geus rea. Insya Allah, abdi bakal rajin ngabuka situs ieu. Sok diduakeun sing sukses.
Salam ka barudak UIN jeung rerencangan nu aya di Panjalu. Isnya Allah bulan November, abdi ka Panjalu, kira-kira Dhipa aya teu di Panjalu?
Alhamdulillah, bingah pisan kersa rurumpaheun linggih. Diantos pisan.
Sasih November, insyaAlloh abdi wangsul ka Panjalu. Sering da ka Panjalu mah. Wartosan we kapingna.
Basa malam Minggu, ping 20 Okt, abdi ngajajap Dadan ka REPUBLIK Entertainment, bade nganjang silaturahmi sakantenan nepangan Kang Wawan Juanda, tapi teu aya sasaha, mung aya mobil dikurubunan sareng motor, pagerna oge digembok.
Nuhun
Dhipa Galuh Purba
  1. NANIE - November 6th, 2007 at 04:12
Ass, Kank Dhipa Galuh Purba apa chabar nich, baik2 aja chan tlg gimana caranya bisa bikin tulisan untuk bikin skenario yg bagusssssssss and bisa dijual ke ph and satu lagi aq mau tahu donk alamat PT Lunar Jaya Film yang lengkap yach makasich and sukses selalu
Wa’alaikumsalam wr.wb
Alhamdulillah, baik…. caranya bikin tulisan skenario yang bagus harus punya ide yang bagus dan piawai cara mengungkapkan dalam skenario. Untuk sekedar perbandingan, silahkan baca paparan ini.
Alamat PT. Lunar Jaya Film, nanti akan saya kirim via e-mail yaaa…
Dhipa Galuh Purba
  1. agus bebeng - November 13th, 2007 at 05:23
God you still a life!
Gusti nu agung ningan si dhipa dulur uing nu karek beres tina perkembangan teori evolusi Darwin nu saacanna asup kana primata, Surili, geus bisa ngarope web!
Anjing! Maneh nyaan deuk jadi nabi anyar deui sigana teh? Alus lah ameh terus jadi jalma nu ngaganggu batur euy. Pokona ku uing didukung lamun maneh terus pasea jeung kolot nu gering tur ngarasa pang ngartina kana kasundaan.
Pan ayeuna mah geus ninggang wayahna, nonoman nu kudu ngajomantara manggung makalangan bari mesat kujang kabuyutan, pikeun nanjeurkeun deui kabudayaan urang.
he ehe he
Cik atuh euy eureunan masang silikon teh!
Da ari batur mah nu uing apal ari masang silikon teh pan dina imbit atawa na dada, ari ieu kalahka na pipi jeung beuteung! Malpraktek boa?
Pun akh,,,
Ke urang tepung dina mumunggang gunung nu nguyung humarurung!!!!!
Cag!

Ha ha ha….! Kehed siah uing disaruakeun jeung sato kukutan Si Darwin. Gagabah ente mah wani nyarita kitu ka Sang Purba. Teu kumawani jadi nabi anyar mah. Sagelo-gelona uing oge, moal nepi ka mengpar tina agama warisan ti kolot uing. Lebar, diajar ngaji ti leuleutik nepi ka rea tinggaleun ngadengekeun dongeng dina radio.
Enya euy, urang terus gedurkeun “papaseaan” jeung kolot nu asa pangbenerna teh.
Kamana wae ari ente. geura nganjang ka Ranggon Panyileukan, bisi hayang hirup senang.

Dhipa Galuh Purba
  1. Gungun - November 16th, 2007 at 19:54
Kang Dhipa, nepangkeun ah sayah ti Ujungberung. Bade tumaros yeuh perkawis skenario.
Saena upami nawiskeun skenario ka PH pasihkeun sadayana scriptna atanapi sinopsisna wungkul? Sieun dibajak yeuh.
Teras saurna upami ditampi, engkena aya presentasi heula nya? Eta teh presentasi tina sinopsis atanapi kumaha? pan tos aya dina sinopsis, naha kedah presentasi deui?
Asa ribet :)
Teras ieu pertanyaan basic yeuh. Isin naroskeunna ge tapi panasaran. Script anu ditawiskeun kedah dijilid rapi teras ngangge cover plastik atanapi cekap dicetrek wungkul teras dilebetkeun kana amplop?
Hatur nuhun sateuacanna Kang
Gungun
Sami2 nyanggakeun salam pangwanoh.
Saena mah sinopsis we heula, kecuali di PH-na aya jalmi anu tos leres2 dipikawanoh.
Numutkeun pangalaman abdi mah, asa teu acan kantos presentasi. Tapi duka upami aya PH sanes anu sok ngayakeun presentasi heula. Teu ribet da, asal PERCAYA DIRI naskah urang sae, orsinil, pleus wani ngasongkeunana.
Perkawis karapihan mah gumantung ka penulis eta mah. Anu resep rapih, nya rapih. Anu asal dihekter, nya sakitu ayana. Tapi ari abdi mah memang sok dijilid, ngarah raoseun katingalina, teu sabaraha deuih pangaos ngajilid dibandingkeun sareng honor skenario. Sagala rupi oge apan peryogi pengorbanan. Upami raoseun katingalina, mamanawian we tiasa ngahudang minat kanggo diaos. Malah aya kamungkinan diaos langkung payun batan anu teu pikaresepeun ningalina. Tapi ari pangarang anu tos terkenal mah, sanaos teu dijilid oge tangtos langkung diperhatoskeun.
Dhipa Galuh Purba
  1. H. Indaryanto Insan - November 20th, 2007 at 00:40
Ass..Wr..Wb
saderek Dhipa,.. sim kuring ngiring bingah ku ayana situs ieu nu asli sunda pisan ti panjalu deuih, komo dina pangumbaraan sapertos sim kuring ayeuna kacintaan ka lembur tanah jawa barat beuki pohara nya ngaos artikel ti ieu website teh rada kaubaran.
karaos pisan yen media kadaerahan teh ayeuna kasisih pisan, ku ayana website ieu sim kuring pribadi ngadukung pisan mugia sing teras sareng lancar dina artikel-artikelna sareng langkung berbobot. karesep sim kuring komo ete carpon sareng landong baeud..ditambihan nya..sukses kanggo Dhipa, Wass..Wr
Salam,.
H. Indaryanto
Williamtown Newcastle, NSW. Australia
Wa’alaikum salam Wr.Wb
Abdi ogé kalintang bingahna dianjangan ku wargi anu nuju ngumbara di alak paul. InsyaAlloh Kang Haji, seratanana badé langkung dieuyeuban deui. Malihan simkuring tos ngontak sababaraha pangarang Sunda, nuhunkeun widi carpon atanapi seratan sanésna dimuat di ieu wéb. Anu tos ngawidian téh diantawisna Dadan Sutisna, Atep Kurnia, Miftahul Malik, Agus Bebeng Hadyana, Dian Hendrayana, sareng Loegina Dea. Ayeuna nuju ngeureuyeuh diketikan.
Perkawis landong baeud ogé, InsyaAllloh dikeureuyeuh dilebet-lebetkeun. Kamari-kamari tos dikotéktak, alhamdulillah tos mendak 100 judul mah seratan landong baeud kénging simkuring.
Upami aya waktos mah, tepangan geura Jullian Milie. Anjeunna mah paséh pisan nyarios basa Sunda téh. Kamari ieu nganjang ka Ranggon Panyileukan. Ayeuna mah rupina atos di Australia deui.
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. pasuma - November 20th, 2007 at 15:09
Sampurasun karuhun..
wilujeng tepang sareng saderek ti jisim abdi nu seja nepangan pupuhu saturunan karuhun ti curug panjalu nu tos ngabentara di tatar sunda..
Rampeees…
Nuhun pisan parantos kersa rurumpaheun linggih ka dieu. Bingah amarwatasuta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana, bingah bin bagja…
DHIPA GALUH PURBA
  1. aa sudirman - November 24th, 2007 at 17:31
sampurasun amang,
duh begea pisan ngimeutan situs amang. Rapih. Mernah.mani reueus. Lain pedah ka dulur. Pangpangnamah, di tengah hujan humarurung urang sunda, aya keneh anu maju kahareup nembongkeun budaya sunda. Soal kritik, ah, urang tepang wae di Simpar nya. Ngawangkong bari ngopi.
Rampes, Lo
nuhun pisan parantos kersa rurumpaheun, Lo. Aduuuh ngapung pangambung atuh dipuji ku Redaktur SUARA PEMBARUAN mah. Muhun urang ngado bako tea, Lo, bari ngopi. Iiih diantos-antos basa kamari ieu di lembur. Abdi mah bagja pisan di lembur teh ngadu bako ampir sapeuting jeput sareng Alo Ujang Sutimo, Kang Bangbang, ssjb. Ieu anu utami mah hoyong ngalengkepan data SIMPAY DIPAWIKARTA.
sakali deui, nuhun pisan, Lo
DHIPA GALUH PURBA
  1. asep ruhimat - December 3rd, 2007 at 17:57
ngaran dhipa galuh purba, geus hamo bireuk. pangpangna mah mun nyimpang ka koran sunda sok ngasongan udud hehe… ayeuna manggung di dunya maya, nya kuring mah bungah we, turug-turg situsna bengras deuih. sakieu heula nya.
nuhun ki adi.

Alhamdulillah, nuhun pisan tos dilongok ku pangarang kakoncara, Kang Asep Ruhimat. Percanten ayeuna mah Kang Asep sok ngalanglang di dunya maya.
Tapi teu kénging hilap, sajabina ti ngasongan roko téh apan abdi sok ngasongan daftar rangda nu meryogikeun picarogéeun…. hé hé hé….
DHIPA GALUH PURBA
  1. m yusuf - December 11th, 2007 at 01:17
Assalamu’alaikum wrwb.
Punten kang, geuning ngirim pesen langsung dipending. eta kumaha Kang. Sae pisan websitena. Nepangkeun ieu urang kampung
bau lisung pun ucup asal mah ti Ciamis beh kaler. Abdi oge sering ngalangkung panjalu bener kang ka sorenakeun hiii.. tiris mani ngahodhod huntu ge mani noroktok. Untung we kang pamajikan kuring urang pagerageung jadi tas katiisan tuluy wae.. kahaneutan.
Punten kang ngiring ngacapruk
pun Ucup

Kanggo anu ngawitan ngeusian koméntar mémang dipending heula, margi bilih aya nu hilapeun nyerat nu teu pararuguh. Janten, kedah diparios heula. Engké upami koméntar munggaran tos di-ACC, ka dituna moal dipending heula.
Sami-sami, nyanggakeun salam pangwanoh.
DHIPA GALUH PURBA
  1. fitrandi - December 15th, 2007 at 09:25
saya mau jadi member, gimana caranya?

Terimakasih atas kunjungannya. Namun mohon maaf, untuk sementara ini saya belum bisa menerima member. Mungkin di masa yang akan datang insyaAlloh saya akan membuka member. Sekali lagi, mohon maaf dan banyak terimakasih.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Putrisunda - December 19th, 2007 at 23:19
Sampurasun
damang anu kasep..
ngiring bingah..resep geuning di webna seur anu ara raneh…,wilujengnya..sing langkung majenglah..di doakeun.
kade teu kenging hilap wae ka Putri Sunda.
baktos kanu kasep
putrisunda
Rampééés…. Alhamdulillah… nuhun kana pidu’ana. Tangtos wé moal hilap ka Nyai Putri Sunda mah.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Ananta G - December 20th, 2007 at 04:46
Kang,, Wilujeng! Tepang deui geuning….
Webna sae, langkung sae batan PPSS..
jiga Persib, langkung sae batan PSIS..
hehe

Haturan Rayi Prabu… hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka saung sae.
Ka sugri anu sok linggih ka ieu web, simkuring seja ngawanohkeun Ananta G, alumnus Pensatrada UPI Bandung, pangarang, kasep, teu acan nikah. Karanganana ngandung kualitas nu sae, mung rada langki ngarangna. Dina taun 2005, Ananta G teh kantos jadi pinunjul I lomba ngarang carpon anu diayakeun ku Grup Pikiran Rakyat. Tangtos we Ananta teh ngawangikeun nami UPI Bandung. Tah… simkuring oge kawon. Margi harita simkuring oge ngiringan (ngawakilan UIN SGD), sarta hasilna janten pinunjul II, sahandapeun Ananta.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Lygia Nostalina - December 21st, 2007 at 17:00
Assalamualaikum Wr wb
kang dhipaaaaaaaaaa……..hooooooi………..kamana wungkul ? hihihihihihi…..abdi teh tatanggi sapalih tea, di panyileukan. hiks..hiks..geus sono pisan kaditu deui. hanjakal 7 taun di Blok C 10 teu kaleresan tepang sareng akang nya…
padahal mah pami ka warung atanapi ka kantor teh pasti ngalangkungan bumi akang da..ckckck…
kalah patepang di KUSNET. heuheuheu..dasar dongeng !
Hoooooi… abdi mah lantrak-lintri wé sakahoyong. Aya kalana ngubek Bandung, Jakarta, bekasi, Depok, Bogor, Ciamis, Tasikmalaya, sareng sajabina. Sakali-kali kaluar Jawa Barat, tapi taun payun mah duka tah… da wartosna kedah meser Pertamax. Ah… aya-aya baé pamaréntah téh. Moal kapésér atuh ari Rp 7.500/ léter mah. Mun sotéh anggota déwan, kanggo ngontrak bumi baé 30 juta/ bulan.
Hayu atuh re-uni deui di Panyileukan. Mangga linggih ka Ranggon Panyileukan.
DHIPA GALUH PURBA
  1. Badru Mifka - December 26th, 2007 at 05:43
Punten, Kang Dhipa… Ngiring leleson. Betah maca karya-karyana. Ngan hanjakal ongkos warnet mahal. Tapi tong hariwang, persib mah moal tilar dunya, asal bobotoh tong galak jiga manggih warga ahmadiyah wae. Kang Dhipa, ajarkeun basa sunda lah, da kasep…

Mangga linggih, kulan. Sing betah, sing raoseun, anggap wé bumi nyalira, bébas di dieu mah. Perkawis ongkos warnét, teu kedah diémutan, margi ku cara linggih ka dieu mah insyaAlloh bakal seueur rizki, amiiin. Mangga baé hoyong diajar basa Sunda mah, kantun sumping langsung ka Ranggon Panyileukan. InsyaAlloh moal dioloan, malihan disuguhan cikopi.
DHIPA GALUH PURBA
  1. H.Syah Arhabat - January 3rd, 2008 at 04:45
assalamualaikum wr.wb
sampurasun…?
ngirih bingah aya situs sepertos kieu.
meni reueus pisan. mugia langkung nanjung
haturnuhun kang dhipa.
wassalam

Wa’alaikumsalaaam… wr.wb
Rampeeees
Nuhun parantos kersa rurumpahan sareng hatur nuhun kana pidu’ana…
DHIPA GALUH PURBA
  1. mikel - January 12th, 2008 at 07:07
om dhipa apa kabar.
situsnya bagus sekali…….
ikel mau belajar seperti om dipa.
ntar kalau pulang ikel mau minta di ajarin sekalian ajarin kecapi yah.
soalnya mamah udah marh..gara gara ikel mainin violinya.
sun sayang buat om’
ikel sayang
Halloooo Ikel cakeeeep.
Trimakasih yaaaa. Ikel juga sangat guanteeeeeng…
Ok… ntar kalo pulang ke Indonesia diajarin main kacapi.
Bilangin sama mamah, jangan marah-marah sama anak kecil mah. Anak kecil itu udah tradisinya suka ngoprek.
Sun lagi
Mmmuaaach…
baik-baik ya di sana
Nggak apa-apa agak baong, tapi tetap harus nurut sama mamah, ok!
DHIPA GALUH PURBA
  1. zaky "khozach" mubarok - January 20th, 2008 at 17:15
haturan…deui ah…wilujeng patepang…
  1. Ananta G - January 22nd, 2008 at 07:44
alah,,eta..bener ari kasepna mah,,ngan lebah alus ngarangna mah,,anu matak nyeuit teh..dumeh si kuring teh keur katerap panyawat NKK (normalisasi kahirupan kalongwewe),,mudah-mudahan we aya nu haat nambakeun ka dukun lepus..mun pareng pendak jeung gulinggasahan,,nitip salam nya kang,,abdi sono (padahal unggal poe ge boa tepung ketang).
  1. jaenal - January 24th, 2008 at 08:48
Assalamu’alaikum
pokona top..top………top……….. ana mah atoh pleus bingah ka kang Dhipa.
Punten kang Bade tumaros ari Paparikan, sisindiran teu acan aya nya?
sakali deui punten nya.
website Akang ku ana bakal di buka unggal dinten
hatur nuhun
wassala’mualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Wa’alaikum salam wr.wb
Alhamdulilla… hatur nuhun pisan kersa rurumpaheun. Sumuhun, paparikan sareng sisindiran teu acan aya. InsyaAlloh bade diayakeun saenggalna.
Nuhun pisan bade nganjang unggal dinten mah, tangtos dibageakeun kalayan reumbeuy kabingahan.
DHIPA GALUH PURBA
  1. SGD - January 30th, 2008 at 20:25
Kami mohon kesediaan saudara untuk mengirimkan profile singkat [alakadarnya] via email [sunangunungdjati@gmail.com] untuk mengisi kolom Kontributor.
Terimakasih.
  1. Faizal - February 6th, 2008 at 04:15
nembe ningal ieu situs teh, sae pisan
mun ceuk indonesia mah “PERTAHANKAN”
abdi gaduh patarosan
terang “subur bagja” atw “bagja subur teu”
penyanyi pop sunda?
ningal teh nuju di bogor di tv megaswara
lirikna lucu sareng musikna keren
mugi tiasa dibantos profilna atw gaduh mp3 na
hatur nuhun
  1. hilda Mulyadin - February 9th, 2008 at 01:07
reieus ninggal nonoman sunda anu masih keneh ngamumule budaya urang, mugia kang galuh salawasna dipasihan emutan anu caang kanggo nanjeurkeun pakusarakan . amiin
  1. hilda Mulyadin - February 9th, 2008 at 01:09
reueus ninggal nonoman sunda anu masih keneh ngamumule budaya urang, mugia kang galuh salawasna dipasihan emutan anu caang kanggo nanjeurkeun pakusarakan . amiin,kang punteun yeuh abdi bade ngaririweuh akang, upami akang gaduh keneh conto skenario abdi nyuhunkeun sasieuren mah kang, mugi kang galuh lungsur manah
  1. hilda Mulyadin - February 9th, 2008 at 01:10
sampurasun
reueus ninggal nonoman sunda anu masih keneh ngamumule budaya urang, mugia kang galuh salawsana dipasihan emutan anu caang kanggo nanjeurkeun pakusarakan, amiin. Kang punteun yeuh abdi bade ngaririweuh akang, upami gaduh keneh conto skenario, abdi nyuhunkeun sasieuruen mah kang, mugi kang galuh lungsur manah

Rampes,
Nuhun kada pidu’ana.
Mangga, insyaAlloh conto skenario anu enggal baris dipidangkeun.
Hatur nuhun
DHIPA GALUH PURBA
  1. dadan cirebon - February 13th, 2008 at 06:39
sampurasun kang
mamanawian akang kagungan teks pembawa acara nikahkeun , abdi peryogi pisan , kintunkeun wae ka email abdi. diantos , hatur sewu nuhun tina perhatosannanan
  1. tukangpin - February 18th, 2008 at 09:47
Assalaamu’alaikum wrwb.
Kang Dhipa, nepangkeun pribados turunan Lumbung asli, oge gaduh teureuh Panjalu saurna. Tapi nuju ngumbara di Jogja.
Aduh, aya ku sae ieu website. Kaleresan nuju teu puguh jugjugan, milari urang Ciamis di alam maya. Dugi weh ka website salira…
Mugi tiasa janten tali silaturahmi nya Kang.
Hatur nuhun

Wa’alaikum salam wr.wb
Sami-sami nyanggakeun salam pangwanoh. Bingah pisan tiasa tepang sareng urang Lumbung. Di Jogja oge seueur baraya urang, diantawisna aya pakumpulan GALUH RAHAYU.
Tangtos wae, mugia ku tepangna di dunya maya, sing janten cukang kanggo maheutkeun tali babarayaan.
Hatur nuhun.
Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
  1. hilda - February 21st, 2008 at 09:18
kang Galuh, punteun bade tumaros, abdi teh hoyong teurang istilah-istilah dina skenario, sapeurtos
- insolve to
-cut to
-int/ekt
abdi kataji pisan kutulisan skenario akang, janteun panasaran ku istilah-istilahna, upami aya waktos punteun pang ngajentrekeun istilah-istilah anu di luhur tadi, maklum kang abdimah jalmi bodo,
hatur nuhun kang
  1. Abro Kadabro - February 21st, 2008 at 12:23
Kang Dhipa…bade tumaros perkawis jadual acara pamentasan di GK Rumentang Siang….
hoyong pisan ningal acara2 sandiwara sunda, mung teu terang jadual2na….
hatur nuhun sateuacanna.
  1. hilda Mulyadin - February 22nd, 2008 at 00:18
kang Dipa punteun bade tumaros, dupu hartosan istilah ie teh naon anu sok aya dina skenario
-disolve to
-cut to
-int/ekt
-interncut to
harur nuhun
  1. hilda Mulyadin - February 22nd, 2008 at 00:22
sareung istilah-istilah sanesna anu menyangkut kana penulsian skenario kang sapertos O.S,
punteun kang, maklum jalmi bodo, nyuhungkeun di caangan ku akang
  1. tukangpin - February 22nd, 2008 at 13:53
numawi Kang, pirbados teh kurung batoxkeun, janten kuper tea.. pami aya urang ciamis di Jogja ngarempel mah, muhun hoyong lah sakali-sakali diajakan hehe..
hatur nuhun pisan waleran salam pangwanohna..
yus - tukangpin
  1. fauzan - February 29th, 2008 at 02:03
mangga, diantos kritik sareng saran na di http://www.sgd.web.id, nuhun
  1. yadi krismayadi - March 4th, 2008 at 16:44
sanggeus kuring nitenan pertujukan anu kukuring di tingali sok sanaos teu dihaja, pami teu lepat mah teater dongkrak di tasikmalaya, kuring ngarasa ngenah hate sanggeus ningali pertunjukan. sanggeus kaluar di temapt pertujukan kuring jadi panasaran kana eta kagiatan teh……horeng menang horeng teh eta acara teh pasanggiri drama basa sunda.
saparat jalan kuring teurus kapikiran eta pementasan di teater dongkrak jeung nahate ngomong sorangan “pasti teater dongkrak tasikmalaya bakal jadi juara” tapi poe kamari kuring muka website kang Dhipa Galuh Purba anu jadi juara teh lain teater dongkrak asal tasikmalaya???????
kuring jadi panasaran hayang nanyakeun ka kang dhipa sugan aya penjelasan ka kuring anu teu nyaho kana drama. manawi kang dhipa kersa ngaguar kalemahan di teater dongkrak nu matak teu juara……….? mudah-mudahan penjelasan kang dhipa jadi bahan ajar keur kuring ngenaan drama………diantos pisan kang dhipa kana pejelasanana. hatur nuhun…
  1. ai ileung - March 4th, 2008 at 16:51
sanggeus kuring nitenan pertujukan anu kukuring di tingali sok sanaos teu dihaja, pami teu lepat mah teater dongkrak di tasikmalaya, kuring ngarasa ngenah hate sanggeus ningali pertunjukan. sanggeus kaluar di temapt pertujukan kuring jadi panasaran kana eta kagiatan teh……horeng menang horeng teh eta acara teh pasanggiri drama basa sunda.
saparat jalan kuring teurus kapikiran eta pementasan di teater dongkrak jeung nahate ngomong sorangan “pasti teater dongkrak tasikmalaya bakal jadi juara” tapi poe kamari kuring muka website kang Dhipa Galuh Purba anu jadi juara teh lain teater dongkrak asal tasikmalaya???????
kuring jadi panasaran hayang nanyakeun ka kang dhipa sugan aya penjelasan ka kuring anu teu nyaho kana drama. manawi kang dhipa kersa ngaguar kalemahan di teater dongkrak nu matak teu juara……….? mudah-mudahan penjelasan kang dhipa jadi bahan ajar keur kuring ngenaan drama………diantos pisan kang dhipa kana pejelasanana. hatur nuhun…
  1. Rakean Wanen Ismaya - March 5th, 2008 at 20:55
sip. tak ada kata selain sip. wenak e poll kata kamelia malik mah he…3x
  1. Yuma Suksma Budhaya - March 11th, 2008 at 02:21
Resep puguh…..kalayan teu nyangki (rumaos kurang gaul),
geuning seueur website ka”Sunda”an, geuning seueur dulur-dulur nu sok rajin midangkeung seratan nu ngamumule bahasa sunda.
Salam pangawanoh, mugia tiasa nyambungkeun tali silaturahiim. Cag..
Yuma

Nuhun tos dianjangan. sami-sami, nyanggakeun salam pangwanoh. Tangtos we, mugia sing tiasa meungkeut duduluran…
DHIPA GALUH PURBA
  1. nazaruddin azhar - March 17th, 2008 at 07:28
lur, gaduh potret miss tjitjih teu? peryogi pisan yeuh. kakaratak nganggo google teu aya. dina ensiklopedi sunda sami mawon (teu lengkep tetela ensik sunda teh…)
upami aya, diaplod we di dieu, ke urang dudut ku uing… tengkyuh.
salam ka tukang bubur nu deukeut imah ente tea…

His puguh bae aya. Hanjakal komputer uing nuju teu damang, malah teu kapalang nu katarajang teh mainbot jeung prosesorna. Jadi, isukan kakara rek balanja. InsyaAlloh peuting isuk, sarengsena kuriak komputer, poto Miss Tjitjih tiasa dipidangkeun di dieu. Nuhun.
DHIPA GALUH PURBA
  1. A.D Sutedi - March 19th, 2008 at 06:48
Yi, Kumaha damang ?…